Ad Code

BODORAN SUNDA

 

BODORAN SUNDA


Bobodoran Sunda : Gorengan Basi


Dina hiji mangsa aya hiji warung di sisi jalan, terus aya jajakaka make motor nyamperkeun jeung mampir ka warung eta.


jajaka                     : Teh gorengan ieu sabarahaan?
Nu jaga warung     : oh murah kang, ngan 2 rebu 3
Jajaka                     : oh pantesan murah, gorengan na haraseum nya teh?
Nu jaga warung     : Eh ati-ati ari nyarios, gorengan na oge haraneut keneh piraku haseum!
Jajaka                     : Eta tadi cenah 2003, pan ayeuna 2014 berarti gorengan na haseum atuh teh


Ha ha ha….



The bangbung tai Boys

Dicaritakeun aya sakumpulan negro ker ngarobrol di markas bari dariuk na korsi
(bos na datang nyamperkeun)

Bos         :  Alus janji isuk datang sarore kie arecreug gawe teh, ges weh lansung weh. Jadi ngaran samaran maraneh teh nya, Maneh peter, maneh john, maneh robert, maneh opik
Opik       :  Hah?, MAksud maneh naha ngaran aink jadi opik (Bari ngegelan sesedot)
Bos         :  Heeh Opik
Opik       :  Piraku? Naha ngaran urang jadi Opik
Bos         :Terus kahayang maneh naon atuh?,Kan ges sesuai prosedur meh diaringet ku barudak. Pokona wayahna kudu lamun nte ken bae, maneh kaluar tina manajemen ie

John        :  Mangga mamam
Opik        :  (malik ka si John), Heeh sia te ngarasakeun hate aink era bagong ngaran urang saalus alus jadi Opik
John         :Aink atuh ngaran John pas jeung awak aink, Bener teu pik
Opik         :(Ngadat bari nunjuk ka si bos) Tuh kan kadenge ku maneh tegenah pan!
Peter         :Tapi asa ngewa oge sih.
Opik         :Tuh kan ngewa sek si Peter ge, Ngaran urang mah hayang Zey
John         :Cuco lah boy ah
Bos         :(Si bos ngadat ka si Opik jeung si Peter bari tutunjuk) Wei wei, Sia, jadi sia te satuju nya.

Ayena sia diganti ngarana jadi si Emul(Peter). Sia Opik sia Emuul. Lah aink mah beledag murag weh lah siah ( ngababetken korsi). Sia ge ngarti teu hah, bejadkeun tangkurapna jeng sia oge saruana. Meni teu ngaoro pisan ka aink sia, tenggel gera kuaink

(ka si Opik jeung si emul)

Opik     :(lagrag Sesedot nu digegelna) Oke oke lah ken bae tarimakeun ngaran aink opik terus ari si eta jadi saha?
Peter     :Ari eta saha?
Bos       :Sirit ari eta saha, tadi mah asa eweh maneh?
Robert     :(make masker warna bodas) kan ngaran aink teh robert, Da tadi pas berangkat ceuk barudak teh titah kie titah make make up
Bos     :Pasti titah sia nya Mul
Emul     :Teuink te apal
Robert  :Emang ku naon kitu
Bos     :Boa Edan
John     :Emang edan si eta mah
Robert :Ih maneh mah meni kitu ka aink teh
Bos     :Kunaon benget di bodasan kitu dun?
Robert :Aink di bodasan kie teh bung disebut hideng (bari nyekel pestol)
Bos :Wei dakk pokona mah ngess nggess jeung ngges, naha jadi ngabahas wae ngaran!
terserah sararia weh dek ngaran Bangbung tai, bangbung anjink tai ucing, tai anjin* paduli teuing kumaha bebentukan barenget sia pokonamah nya!

(Dorrr, tiba tiba soara panto muka tarikk) sararoak kabeh
"Ainkk gitaris palapa kunaon sia teu ngajakan aink, HAh!" (bari nyekeul sanjata), Ayo mah goyang hela.......
Si mamah goyang (bari nyekeul taktak si bapa) ......lagu oplosan
Bos     :Ruksak ieu mah, ges bubar ayeuna mah lah



Pantun Sunda, Rasa Batak


_Parulian Aritonang_

_Manurung dulur Sihotang_
_Pipikiran henteu tenang_
Baringung mikiran_ _hutang_.

_Simamora jeung Saragih_

_Siregar jeung Hutasoit_
_Asa era ku nu nagih_
_Rek mayar can boga duit_.

_Sianturi Silalahi_

_Matondang jeung_ _Panggabean_
Ladang kuli tara mahi_
_Keur hutang teu_ _kabagean_.

_Sarumpaet Hutauruk_

_Ritonga jeung_ _Simangunsong_
_Nempo dompet sok_ _ngaheruk_
_Eusina molongpong_ _kosong_.

Rangkuti adi Pulungan_
_Pakpahan dulur_ _Pardede_
_Duh... Gusti abdi_ _tulungan_
_Pasihan rizki nu gede_




LALAKI IDAMAN

Awewe : "Aa, damelna dimana?
Lalaki : "Mmhhh... Abdi mh saukur 
               karyawan biasa Neng.

Awewe : Kenging terang teu
                panghasilan aa nympe
                sbrha..?
Lalaki: gajih mh mung 50jt, tunjangan
               paling 10jt/minggu"

Awewe: (WOW tajiiirrr ⁠)
               "Linggihna di mana a?"
Lalaki: "Di kota baru parahiyangan
               neng"

Awewe : (Anjritt kawasan elite)
               "Pasti bumina ageung nya
                 a?"
Lalaki: "Hnteu oge neng, mung
sanggup nyandak anu 500
               m2, srng ukur ditingkat 3,
               saleresna mh masih kirang
               sih, soalna masih seueur
               mahasiswa anu hyng
               ngekost di bumi abdi oge"

Awewe : (Kereeennn jiwa bisnisna
                okeee) "Mobilna ngajajar
                 ath a"
Lalaki: "Mobil mah sasuai kabutuhan
              hngkul sih neng"

Awewe: "Maksudna?"
Lalaki: "Muhun, upami nuju nyalira,
              ngangge Lamborghini, upami
               nuju srng rerencangan
               seueuran ngangge Alphard,
               upami uih kalembur ngangge
                Pajero soalna lembur abdi
                 di handap gunung"

Awewe: (kekerepekan)
               "Oohh kitu nya. Upami
                istrina ngangge mobil naon
                 a?"
Lalaki: "Aduh, jadi isin, abdi mh teu
acan gaduh bojo Neng"

Awewe : (Ya ampyuun lampu hejoo
                 yeuh)
                "Aa sok ngaroko tara?"
Lalaki. : "Hnteu Neng, abdi mah
                ngambeu haseupna hngkul
                oge teu kiat Neng"

Awewe: (Wah sehat dompet, sehat
                awakna oge )
"Mmhh.. Upami minuman keras?"
Lalaki    : "Haram atuh Neng"

Awewe. : (Nyantri oge yeuh ⁠)
                "Emangna aa teu resep
                   dugem?"
Lalaki: "Hnteu ath Neng, hawatos
              kasiangan pami Tahajud"

Awewe: (Aiiihhh lalaki sholeehhh,
cocok yeuh dijadikeun
                salaki)
               "Aa tos naek haji teu acan?"
Lalaki: "Alhamdulillah parantos Neng,
               terakhir kamari sareng
               keluarga besar, umroh oge
                alhamdulillah tiap taun"

Awewe: (Waaahhh mun kuring jadi
               pamajikana, bakal umroh
                tiap taun ieu mh ⁠)
                 "Hmm... Aa keren nya,
                  seueur artos tapi low
                 profile.
                 By the way.. jadi hyng
                terang, hobi aa naon sih?"
Lalaki: "Hobi abdi mh kieu weh, resep
              ngawadul  ciga ayeuna 

Awewe: Eeuuhhhh BEDDUUUL
              siaahh... dasar geloooooo

Tong hilap SENYUM BAHAGIA.


Copet Di Angkot

Hati hati naek angkot jurusan Soreang leuwi panjang, kajadian tadi jam 2 aya Ibu ibu keur nyegruk ceurik di kantor Polisi Soreang. 
Ditanya ku pulisi.
Polisi ; ibu kunaon bet ceurik.
Ibu ibu ; kacopetan
polisi ; dimana kecopetana
Ibu ibu ; dina angkot
Polisi ; duitna sabaraha
Ibu ibu : 200.000 rb
Polisi ; disimpen dina naon duitna.
Ibu ibu ; dina jero kutang
Polisi ; naha tekarasa kitu
Ibu ibu ; karasa eta ge
Polisi ; naha te digarewahken atuh? da geunah atuh pa polisi sugan teh moal bari maok duit si kasebelan teh.
Polisi ; apal dedegan nu maok duit teh 
Ibu ibu ; apal


Manuk

obrolan garing

Haji: Men, manuk
             naon nu huruf
             E na hiji..?
Arab. :  Beo.....
Haji : Nu huruf E na
              dua ..?
Arab : Ekek...
Haji  : Huruf E na tilu?
Arab: (ngahuleng bari ngacay..)
             Njriittt .. naoon..
Taluk lah uing mah
Haji  : hehe..bango
             
Arab    :Men Naha  Bango ?
Haji    : Dengekeun uing tah rek nyanyi...
                            
Sang Bango E, E, E..sang bango... naon sateh bengong wae....


Anu Ngabatalkeun Puasa


"NAON WAE ARI NU NGABATALKEUN PUASA ?"

Sakedap deui urang bde ngalakonan puasa, dina enggoning puasa kahade aya anu perelu di perhatoskeun, saurna mah aya tujuh rupa anu matak ngabatalkeun kana puasa, nya eta :

1. DIUK

Diuk di warung Padang tuluy mesen rendang,belewek dihuapkeun eta nu matak ngabatalkeun kana puasa,tapi lamun diukna ngan ukur ngobrol tuluy pesen téh manis éta gé sarua batal puasana

2. LUMPAT

Lumpat tarik pisan ngajugjug Warteg tuluy pesen téh botol langsung disuruput éta matak ngabatalkeun puasa,komo bari tuluy pesen mie rebus mah.

3. NGALUNGKEUN DUIT KENCRING

Ngalungkeun duit kencring bisa ngabatalkeun puasa lamun pas dialungkeun ditéwak ku tukang céndol, tuluy ditukeuran ku és céndol sagelas terus diuyup

4. SURA SEURI

Sura-seuri gé matak ngabatalkeun puasa lamun sura-seurina sanggeus nginum Coca cola,tuluy ngaleguk Sprite atawa Fanta.

5. NGALAMUN

Ngalamun bisa ngabatalkeun puasa lamun ngalamuna dibarengan ku ngebul haseup rokok tina baham.

6. MAEN FACEBOOK atawa WA

Maen Facebook atawa WA an ogé matak ngabatalkeun puasa lamun gigireun aya cikopi jeung goréng pisang haneut kénéh ditambah sabungkus Rokok,tuluy diopi.

7. HITUT

Hitut dijero cai bari teuleum terus ngaregot caina,...atawa hitut sanggeus ngadahar kulub hui bisa dikatagorikeun ngabatalkeun kana puasa, hitutna waé bisa ngabatalkeun wudlu, komo mun bari ngadahar kulub hui mah, pasti batal puasana...
Wilujeung Mayunan Sasih shaum 



Jeritan Hate Salaki


Pamajikan geus mimiti rudet _loba kahayang, loba pamenta.

Padahal puasa karék ogé dua puluh poéan.
Sagala kaperluan awéwé mimiti disebutan : hayang gamis anyar...mukena sutera model anyar...sapatu...sendal.. tiung jeung sajabana...mani geus pok deui pok deui waé tiap panggih, padahal nu dibeuli lebaran taun tukang ogé aya nu can kapaké.

Giliran salaki mah sakalieun ngomong hayang _pamajikan anyar_ oge..mani sagala ditajongan bari popolotot burial buncelik nyarekan... padahal mah _ganti pamajikan teh  teu unggal taun ieuh...
Kacida teu adilna...


Kuliner Cangkang Duren


Karek nyaho cangkang duren bisa di olahkeun

Carana :
  1. Siksikan Cangkang duren, tuluy kulub dina cai ngagolak, ulah ku cai kulkas da moal hipu, bisi nyugak di gegelna
  2. Angkat cangkan duren anu menang ngulub tuluy saring make ayakan, piceun cai panguluban na ulah di uyup da pahang
  3. Siapkeun samara: sarupaning  laja, sereh, bawang bodas, bawang beureum, cabe sesuai selera.. ulek bumbu, nepika ancurr, omat ulah make ragi bisi jadi peuyeumm
  4. Tuluy samara di tumis, nepika ambeiu seungit... Ulah nepika tutung da moal ngeunah di daharna pait...
  5. Asupkeun duren anu menang ngulub tadi kana tumisan samara, nepika nyerep kana samarana
  6. Angkat... Olahan duren tuluy siapkeun di piring hias, ulah dina baskom da geude teuing... Tuluy bawa kapipir...
Lamun  geus di pipir imah omat luak lieuk heula, bisi aya nu nempoeun... tuluy olahan duren anu tadi awurkeun, PICEUN ka jarian da teu ngeunah ukur bisa di olahkeun hungkul...di emam ge pahang steh 

Hatur tengkiuwww, selamat mencoba



Domba Si Udin


Si Udin boga Domba alus,
di Majalaya aya Kontes Domba sehat, hadiahna duit Rp300 rb..
si Udin ngilu lomba.
..Alhamdulillah meunang Kontes,
hadiahna duit 300 rb

Dibayar tunai ku Panitia,
duitna 3 lambar 100,- rebuan.

Waktu narima hadiah,bakat ku geumpeur ...
duitna anu 300 rb murag, langsung diteureuy ku Domba na..
Panitia nyarankeun yen Domba na sina nginum kopi, terus ditepak-tepak bujurna, ngarah Domba na bisa utah, ambeh duit nu diteureuyna bisa kaluar.

Si Udin balik bari neangan tukang kopi, bari nunungtun si domba..
pas aya tukang kopi si Udin mesen sagelas kopi.

Ku si Udin kopi na diinumkeun ka si Domba saregot, terus ditepak-tepak bujurna,
..Bener geuning kaluar salambar duit 100 rebu !

Tukang kopi jadi kepo, langsung nawar 3 juta supaya Domba si Udin jadi milik manehna.

Si Udin ngajawab singket ;
"Teu dijual !"
Si Udin nginumkeun deui kopi, terus nepakkan bujur Domba na,
..kaluar deui duit 100 rebu...!!

Tukang kopi beuki panasaran, ditawar eta Domba si Udin teh jadi 10 juta.

Si Udin keukeuh nampik bari nginumkeun deui kopi ka Domba na, ditepakkan deui bujur Domba na teh, terus utah deui duit 100 rebu.

Tukang kopi beuki panasaran pisan...,
tuluy nawaran duit 25 juta ka si Udin.
"Deal !"
..Ceuk si Udin meni atoh..

Tungtungna si Domba teh jadi milik si Tukang Kopi.
Isukna rame aya berita dina headline koran ;
"Tukang Kopi ditahan Pulisi ku sabab najongan Bujur Domba nepi ka paeh !" wilujeng wayah kieu 
#Simple hirup mah....teu kudu kabita ku milik batur tepi ka hayang miboga,komo bari teu nyaho mimitina

Sabab kulakna rizki moal bisa sarua...
Rek seuri pek
Rek ambek pek
Teu dibaca ge Wios..
Wilujeung wayah kieu


Bobodoran / Banyolan Orang Sunda

Bobodoran / Banyolan Sunda artinya lucu-lucuan / candaan/ gurauan orang Sunda. Bobodoran berasal dari suku kata bodor artinya lucu.

Banyolan berasal dari suku kata banyol (candaan), sedangkan ngabodor atau ngabanyol artinya melucu (bercerita lucu), bercanda, bergurau. Orang Sunda memang terkenal reseup heureuy (senang bergurau), sebut saja Kang Kabayan, Kang Ibing, Kang Asep Sunandar (Dalang Wayang Golek “Giriharja”) atau Kang Sule merupakan orang-orang bodor (lucu) dari tatar sunda. Pekerjaan melucu dalam Bahasa Sunda disebut juga ngabodor.

Beberapa banyolan di bawah ini, penulis dapatkan dari berbagai media dan forum, seperti dari whatsapp (WA) grup dll.

Ket: Mohon maaf penulis tidak mengetahui sumber banyolan ini, silakan bila pembaca ada yang mengetahuinya, atau merasa membuatkanya, bisa menghubungi kami di kolom contact.
Bagi Anda yang juga menyukai banyolan / candaan dalam Bahasa Sunda, berikut ini beberapa diantaranya :

JANG SARDUT

Jang Sardut, satpam nu gawe di konpeksi di Rancaekek, ngadeuheus ka kolot na di Bungbulang.

Saenggeus munjungan ka indung bapa na maneh na nyarita ;
“Alhamdulillah ema bapa, Sardut teh geus teu jadi satpam deui, ayeuna mah Sardut teh jadi security di perusahaan garment.”.

Bari ngahurungkeun roko na si Sardut nuluykeun dongeng na “ayeuna mah Sardut teh tiap poe saptu kudu miluan weekend . . Ngawal dunungan nu ceunah mah urang Taiwan . .
Tapi beungeut na mah siga urang cina . . .”

Bari ngetrukeun calacah dina asbak, deur si Sardut carita deui;
“Bageur na mah bageur dunungan Sardut teh ngan hanjakal beuki pisan nginum drink . .
Malah mah sok nepi ka mabok . ..”

“Kadang-kadang sok diajak pesta . . Ceunah mah standing party tapi euweuh korsi-korsi acan ..”
“Nu pikaseubeleun mah waktu diajakan dahar … ongkoh self service tapi angger we kudu keneh nyokotan sarangan . . “

“Loba nu aneh di kota mah Ma …”
Indung bapa si Sardut sili pelong bari ngucap meni bareng ..
“kuma sia we Duuut !”

NIKAH

Rengse lebe ngarapalan pasangan Sekdes Oday jeung Nyi Odah.
“Tah ieu STTB!”, ceuk lebe
“Naon Be, STTB teh?” tanya Sekdes Oday.
“Surat Tanda Tamat Bobogohan! Ieu SIM-na…cepeng ku nyai Odah!”
“Naon SIM teh, Be?” tanya Nyi Odah bari nyokot surat.
“Surat Izin Meniduri. Tah, ieu STNK!”, ceuk lebe
“Naon deui?” Odah jeung Sekdes nanya bareng.
“STNK… Surat Tanda Naek Kasur. Tuluy ieu we BPKB!”, ceuk lebe
“Naon BPKB teh?”, tanya nyai Odah
“Beres Papuket Kade Bersihan!”, ceuk lebe
“Edan… aing mah kawin teh asa loba surat kieu,” ceuk Sekdes Oday bari ngajenggut buukna sorangan balas ku jangar, “ari eta naon?”.
“Ieu? SKJB!”, ceuk lebe
“Naon deui?”, tanya Sekdes Oday
“SKJB? Ma enya teu apal?!”, tanya lebe
“Hanteu!! Naha SKJB mah asa keur Jual-Beli da!”, tanya nyai Odah
“SKJB nyaeta Sakeclak Kudu Jadi Budak!”
“Gustiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiiii!!!! Ieu lebe atawa Biro Jasa?

LEUWIH GORENG

Aya dua urang mahasiswa anu kostna sakamar, nu hiji ngaranna Adun..Adun teh goreng patut pisan, nu hiji deui Rangga, rupana lumayan… Adun sering ngeureum maneh di kamar, lantaran rumasa goreng patut.
Rangga bingung hayang ngajadikeun Adun jadi PD.
hiji waktu Rangga manggih poto lalaki di jalan anu rupana leuwih goreng patut ti Adun.
@Rangga, “Dun, urang manggih poto di jalan, rupana leuwih goreng ti maneh, jadi maneh ulah ngarasa minder.
@Adun, “Ah teu percaya urang mah, moal aya nu leuwih goreng ti urang.
@Rangga,”Sok ieu tingali potona!”
@Adun,” Anjirrrr, bapa aing”.

Blender

Pamajikan nu cemburuan indit kaluar kota,,, kiyeu jadina
Pamajikan: sayank,, nuju di mana?
Salaki: nuju di bumi yank,,
Pamajikan: ahhh nu benerrr?
Salaki: leres yank,,,,
Pamajikan: cik pang hurungkeun blender…(ngetest aya henteuna salakina di imah)
Salaki: (ngahurungkeun blender) reerrreerreer
Pamajikan: (yakin yen salakina aya di imah) dah pap love u,,,
Poe ka 2
Pamajikan: sayank nuju dimana
Salaki: nuju di bumi nuju ninyuh kopi di dapur
Pamajikan: cik pang hurungkeun deui blender na
Salaki: (ngahurungkeun blender) reerrreerreer
Pamajikan: ok pap miss u,,,
Poe katilu pamajikanna balik teu mere kabar ka salakina da ngarah surpres, pas ges nepi nyampak d imah eweuh sasaha ngan aya budakna hungkul si Udin
Pamajikan: Din ari si bapa kamana?
Udin: Duka Mah da ges dua poe mawa blender teu balik balik
Pamajikan: aarrgghh

“KARAJINAN TANGAN “.

Emana Udin :” Udin naha maneh mamawa kutang ema ka sakola? balikeun siah !
Udin : ” rek diinjeum heula ku udin Ma, keur pelajaran keterampilan di sakola!
Emana Udin : ” naha pelajaran keterampilan mamawa kutang sagala ?
UDIN : ” da dititahna kitu ku guru teh ! saurna teh “barudak, ke isukan mawa WADAH SUSU URUT nyaa.. keur nyieun karajinan tangan, kitu ceunah ceuk guru teh”

Basa Sunda Kajajaden dari Bahasa Inggris…

  • Ash box jadi asbak
  • Cheese stick jadi cistik
  • Football jadi mengbal
  • Lips tick jadi Lipen Setip
  • Long Dress jadi Longres
  • Off Long jadi Oblong (kaos)
  • Antena jadi anteneu, celecer atawa radar
  • Microphone jadi emik / corong
  • Loudspeaker jadi Salon
  • Transformator jadi tarapoh
  • Stumber jade Setum
  • Off said jadi opset
  • Soldier jadi Soldadu
  • Lamp jadi lampu
  • Carburator jadi kabulator
  • Pump jadi Kompa
  • You can see jadi Yukengsi
  • Truck jadi Treuk
  • Cow Boy jadi koboy
  • Standup Comedy jadi BORANGAN ( Bodor sorangan )

Prinsip Hirup dina Basa Sunda :

1. Hirup kudu jiga Jagong, ulah jiga Jambu Monyet. Jagong mah sanajan sikina loba tapi dibungkus rapih, teu jiga jambu monyet, mamerkeun siki anu ngan hiji-hijina.
*Hartina jadi jalma ulah sok pamer.
2. Hirup kudu jiga Duren ulah jiga Kadongdong. Duren mah sanajan luarna pinuh ku cucuk, tapi jerona lembut jeung amis, teu jiga kadongdong luarna lemes tapi jerona kasar jeung rasana haseum.
*Hartina alus gorengna jalma teu bisa ditingali ti luarna wungkul.
3. Hirup kudu jiga Bangkuang. Sanajan aya dijero taneuh nu kotor, tapi eusina bodas beresih.
*Hartina kudu pinter ngajaga diri ulah kapangaruhan ku lingkungan.
4. Hirup kudu jiga buah dd Dibutuhkeun ku budak, dipikaresep oge ku bapana.
*Hartina hirup kudu loba mangpaatna..nu barokah

DIASEAN

Si Udin nanya ka guruna : “Bu, dupi Indonesia teh di asean?” (Bu, apakah Indonesia itu di Asean)
Bu Guru : “Nya enya atuh, na kunaon maneh make nanya kitu?” (Ya, iya lah, kenapa kamu bertanya bergitu)
Udin : “Naha gening masih keneh panas nya!” (Namun kenapa ya kok masih panas)
Bu Guru : “Naon hubunganna Din ?” (Apa hubungannya Din?)
Udin : “Upami dina mobil, pan pami diasean mah janten tiis…” (Kalau di mobil khan kalau pakai AC (pakai AC dalam Bahasa Sunda di AC an/ di asean, red)
Bu Guru : ???

Tokoh, tempat dalam bobodoran / banyolan sunda di atas hanyalah rekaan. Bila ada kesamaan, hanya faktor kebetulan saja.

Bila Pembaca mempunyai bobodoran lain yang bisa dibagikan di sini, dengan senang hati kami menerimanya, kali aja jadi obat penghilang kegalauan dan stress.

Mudah-mudahan dengan banyolan sunda ini, anda menjadi terhibur dan berkurang tingkat stress nya, walaupun tidak sampai babarakatakan (tertawa terbahak-bahak), ya minimal bisa tersenyum lah..

Tapi hati-hati jangan senyam-senyum sendiri sambil jalan gara-gara ingat bobodoran / banyolan sunda di atas, nanti disangka kurang saeunan atau kurang sasetrip.

Kami mohon maaf bila bobodoran di atas, kurang bodor alias kurang lucu.
Senyum adalah ibadah. Membuat orang lain tersenyum semoga juga menjadi ibadah.


Close Menu