Ad Code

Percakapan Sunda Lucu, Dialognya Bikin Kamu Mules!

 

Percakapan Sunda Lucu, Dialognya Bikin Kamu Mules!


Kumpulan Dialog Percakapan Sunda Lucu

Percakapan Sunda Lucu

*Telepon* hay nêng, nuju naon? Atos bobo teu acan? Sms’an yuk? | hayu, eneng oge can bobo, teu acan tunduh, ari akang keur naon? | nuju rek bobo neng, atos helanya! | *SIAL*

Mun nonton konser, teu menang make sendal mang? | naha, kunaon emang? Terus, kudu make naon atuh? | make tiket lah! | *jadam teh…..*

Baju urang alus teu din? | wihh, alus! | mun calanana kumaha? | alus pokona | mun sepatu? | keren, tapi percumah din | kunaon kitu? | bengeut maneh ngarusak sagalana.| *Bangs4t*

Hay.. nêng, bintangna libra nya? | kok nyaho a?? | katingalian soalna tina bengeut eneng | ohh, gelis nya?! | lain neng | naon atuh? | benget eneng kos timbangan! | *mewek*

Baca oge:


Nêng ari ayena bumina dimana? | di imah lah kang | maksudna, ari imahna dimana? | teu dibawa lah, emangna abdi keong kang! | *ahh jadaam si enêng mah*

Boy, urang rek curhat lah | sok mangga | urang karak pegat euy jeung si lina? | naha bisa kitu, terus nyeri hate atuh maneh? | henteu, malah urang mikeun kembang ka menehna | mikeun kembang? | heuh, tapi sakalian jeng pot-potna, ku urang alungkeun ka bengetna! | *sadis*

Kumaha hasil ujian sakola maneh din ? | jore eyy bu, padahal udin tos mati-matian | mati-matian belajar maksudna din? | lain bu, mati-matian nyontek | *gejul teh*

Percakapan sunda lahiran

*Abok inek* Bu sakedeung dei kan anak urang lahir yeuh! | enya pak, naha emang? | kie bu, kumaha mun urang bere ngaran sari | sari.. Naon pa? | Inti-sari bu | *dasar*

Emakkk… Si dede neuleg duit ma..!!!! | aduh! Buru-buru korek-korek sungutna, emang neleg duit saberaha duit? | duit logaman nu gopean mak!! | ohh, kajeun atuh ari kitumah, sugan teh duit saratus rebuan | o_O


Mang meser es kalapa deh, sabarahaan hijina? | 15 rebuan neng | mahal amat mang, sugan teh bisa sarebuan mang | oh.. Bisa atuh ari kitu mah neng, ieu es na.. Tah, kalapana ala sorangan tuh di luhur | *anyirr*

Kang, akang mah boros jelemana! Mabok-mabokan wae | enéng oge boros, onggal poe ka salon wae | eneng oge ka salon pan oge supaya geulis ajang akang apan? | oh sami atuh ari kitu mah neng, akang oge mabok supaya eneng ka tingali geulis. | o_O

Percakapan sunda bau hitut

*Naek motor* Neng milu jeung akang yuk? | hayu, asik eyy jalan-jalan na motor nya kang? | enya neng | kamana kang? | katempat tukang tambal ban neng! | aih.. !!!

Nilai matematik maneh turun terus din, akhir-akhir ieu? | muhun, bu.. | ku naon kitu, aya masalah? | aya bu | naon eta? | kalkulatur kuring leungit bu ey! | o_O

Kang, ka turunan urang bule lain? | Ah henteu, kunaon emangna? Ganteng nya? | lain kang! Huntu akang pirang sabelah soalna! | *sial*

Mang.. Meser deh! | meser naon jang? | Larutan cap kaki 3 aya teu mang? | aya jang | saberahaan mang? | lima rebuan | mahal amat, sugan teh dua rebuan mang? | Oh, sok atuh mangga.. Tapi sukuna ngan dua nya? | ?  o_O

Ibu.. Anakna mani lucu pisan euy? | nuhun | mirip boneka.. | Mirip boneka barbie nya? | lain bu, mirip boneka santet! | *Bangs*t

Percakapan mirip boneka barbie ngakak

Neng, isuk-isuk kie asa katinggali cerah amat eyy, bodas pisan si eneng.. | mirip artis nya kang? | lain, mirip mayat neng. | *njirR*

*Di konter hp* Mang, ceunah hape ieu bisa asup kabeh kartu, tapi kok di imah abdi coba asupkeun kartu, teu bisa nelpon jeung sms sih??? | ah masa sih, emangna kartu naon? | Kartu tanda penduduk mang? | oh.. Pantes atuh ari kitu mah! | *Koplak*

Timana yeuh bos? | tos meser hp euy! | asesorisna lengkap teu? | lengkap atuh, malah menang sarungna segala! | sarung HP? | Lain, sarung tinju! |  o_O

*Peuting-peuting* Wiih.. Rapih amat tumben din?? | iya dong! | sengit euy | iya dong! | pasti arek ngapel nya? | lain da, arek ronda urang mah. | *Buset*

Say.. Reseup ngaroko teu? | henteu | mun mabok? | henteu | terus reseupna naon atuh?? | ngabohong! | *Koplak*

percakapan ngaronda lucu

*Aya waria nu ngambek lantaran narima duit palsu. Pas dibayar, waria eta ngambek ka lalaki jeung protes: “ieu kan duit palsu” terus si lalaki bari tegas ngajawab “lah apanan maneh oge awewe palsu.”

*Di telepon* kang, buruan ka imah? Di imah teu aya sasaha kang | oke, asik atuh ari kitu mah neng | heuh kang | (nepi ka imahna) neng? dimana ey? kok sepi sih neng? | bener kan? Cek eneng oge di imah teu aya sasaha apanan oge! |  o_O

Mang meli nasi goreng deh hiji | teu aya kang, beak | mie goreng atuh | sarua, eta oge geus beak | keur naon masih mangkal keneh didieu ari beak kabeh mah? | ngadagoan nu nanya kang, nya tos atuh abdi bade uih hela atuh ah.. |  o_O

percakapan meli baso

Din, maneh osok ulin ka mall? | osok | pokona, sabates ayena mah ulah ka mall ngalewatan jam 12 peting din! | naha emangna? Aya setanan lain?? | lain din, geus tutup! |  o_O

*Di warnet* Kang, tolongan atuh!! | aya naon kitu? | ieu abdi bade arek asup ka situs PEMERINTAH | ohh, mangga, ku abdi ketik keun, mana alamatna? | Jl jendral sudirman no.9 jakarta pusat | **AIH KOPLAK**

Hik..hik..| Kunaon maneh ceurik din? | motor kuring leungit euy | di cokot ku jelema? | bener | saha nu nyokotna? | nu bogana, apan uing motor menang minjem! |  o_O

Close Menu