Ad Code

Puisi Ulang Tahun Bahasa Sunda Untuk Sahabat dan Untuk Ku!

 

Puisi Ulang Tahun Bahasa Sunda Untuk Sahabat dan Untuk Ku!

Puisi ulang tahun bahasa sunda – Ulang tahun merupakan salah satu moment yang cukup penting yang umum dirayakan oleh seseorang, dimana biasanya dirayakan bersama-sama keluarga, saudara maupun sahabat-sahabat terdekat atau seseorang spesial. Nah, untuk mengutarakannya salah satunya kita bisa dengan mengucapkannya melalui sebuah puisi.

Puisi sendiri merupakan karya sastra yang dibuat seseorang untuk menyampaikan pesan melalui diksi dan pola yang tertulis. Puisi ulang tahun dalam bahasa sunda yang saya buat ini mungkin saja jauh dari kata sempurna, untuk itu mohon dimaafkan jika terdapat kesalahan dalam penulisan kata-katanya. Berikut langsung saja simak puisi ultah basa sunda dibawah ini.

Baca juga: 

Daftar Isi 

  • 1 Kumpulan Puisi Ulang Tahun Bahasa Sunda
    • 1.1 Puisi Wilujeng Panjang Umur
    • 1.2 Puisi Imut Ka wanci
    • 1.3 Puisi Mugia Saé Iman Ahlakna
    • 1.4 Puisi Teu Kantos Hilap
    • 1.5 Puisi Tepang Taun Keur Diri Abdi
    • 1.6 Puisi Renungan di Dinten Tepang Taun

Kumpulan Puisi Ulang Tahun Bahasa Sunda

Puisi Wilujeng Panjang Umur

Puisi Wilujeng Panjang Umur (Ku: Kustian)

Wilujeng tepang taun réréncangan..
Mugia sing panjang yuswana..
Teang kabagjaan salira ayeuna..

Dina dinten ieu..
Dinten nu janten nambihana umur salira
Éling-éling jampé mangsa alit

Dina jajaran lilin anu ka étang..
Kiwari salira rayakeun tepang taun
Wilujeng tepang taun réréncangan..

Warsih silih bagilir..
Nambihan hiji yuswa salira kiwari
Dewasakeun diri dina prahara

Yakinkeun léngkah pastikeun cipta
Téda panangan ucap syukur ka pangeran
Supados hirup langkung miboga makna

Puisi Imut Ka wanci

Puisi Imut Ka wanci

Imut Ka Wanci (Ku: kustian)

Méga teu salamina cerah
Imut teu salamina tanda bingah
Sadayana ngan soal wanci..

Kanggo réréncangan abdi
Seueurkeun rasa sukur kanggo saban nikmat
Margi lolobana jalmi Mopohokeun-nana

Mugi-mugi salira émut kana wanci
Mugi-mugi salira panjang yuswana..
Wilujeng tepang taun réréncangan abdi..

Puisi Mugia Saé Iman Ahlakna

Puisi Mugia Sae Iman Ahlakna

Saé Iman Ahlakna (Ku: kustian)

Kanggo réréncangan abdi
Wilujeng tepang taun
Mugi-mugi umur salira paos
Di séhatkeun jasmani sarta rohani

Kanggo réréncangan abdi
Wilujeng tepang taun
Mugi-mugi rejekina lancar
Di berkahkeun sadaya hartana

Kanggo réréncangan abdi
Wilujeng tepang taun
Mugi-mugi damang salawasna
Di jauhkeun tina sagala panyawatna

Kanggo réréncangan abdi
Wilujeng tepang taun
Mugi-mugi janten jalmi anu saé
Saé iman haténa sareng ahlakna.

Puisi Teu Kantos Hilap

Puisi Teu Kantos Hilap

Teu kantos hilap (Ku: kustian)

Rarasaan nu tiasa ngabingahkeun
Sabot aya hiji jalmi nu mikareseup

Hiji jalmi nu émut ka salira
Hiji jalmi anu ngabutuhkeun salira

Nanging tiasa langkung bungah…
Sabot salira terang..

Aya hiji jalmi anu teu kantos hilap
Hilap kana dinten tepang taun salira..

Wilujeng tepang taun akang
Mugia tambih suksés kapayunna!

Puisi Tepang Taun Keur Diri Abdi

Puisi Tepang Taun Keur Diri Abdi

Renungan Ka diri Kuring (Ku: kustian)

Daun-daun raragragan
Teu karasa umur kuring nambihan saban taun
Sadayana lumangsung margi widi pangéran

Dinten ieu yuswa kuring nambihan
Mugia kuring tiasa muka lambaran anyar
Dina jatah umur kuring..

Teu karasa wanci téréh énggalna
Dinten siligenti dinten
Sasih siligenti sasih
Warsih siligenti warsih

Kiwari,
Dina jeplingna wengi
Dibarengan sareng tiupan angin
Dicicingan éndahna cahya béntang
Ukur kadangu sora jangkrik

Kuring calik bari ngahuleng
Nanggoan wanci teupang taun
Dugi ahirna umur kuring nambihan
Wilujeng tepang taun keur diri kuring sorangan..

Puisi Renungan di Dinten Tepang Taun

Puisi Renungan di Dinten Tepang Taun

Renungan kuring di poe ulang tahun (Ku: kustian)

Kuring nyoba ngarenungan
Pikeun milarian makna kahirupan
Haté kuring di kurilingan kabimbangan
Jiwa kuring dipinuhan ku patarosan

Leres kitu umur kuring nambahan?
Atawa takdir anu ngurangan?
Lamun leres umur kuring nambahan
Meren kiwari kuring mikin sawawa

Mikin terang kana hakékat diri kuring
Mikin teurang kana hakékat dunya
Mikin nyurtian kana hakékat kahirupan

Lamun leres umur kuring nambahan?
Meren kiwari kuring mikin wijaksana
Wijaksana ngalakukeun aktipitas sapopoé
Wijaksana ngajalankeun kahirupan kuring

Lamun leres umur kuring nambahan?
Mereun kuring tos ngagaduhan impén
Impén nu jadi cipta-cipta kuring
Impén-impén anu kuring wujudkeun
Impén-impén dina tujuan hirup kuring sabenerna.

Close Menu