Ad Code

Contoh Teks Pembawa Acara MC Pernikahan Bahasa Sunda!

 

Contoh Teks Pembawa Acara MC Pernikahan Bahasa Sunda!

Kumpulan contoh teks pembawa acara mc pernikahan dalam bahasa sunda. Pada kesempatan kali, sengaja saya siapkan setidaknya ada 5 contoh teks mc pembawa acara atau mc nikahan basa sunda, yang sudah saya kumpulkan dari berbagai sumber media, guna untuk mempercepat penyebaran informasi.

Baca juga: 

Pembawa acara atau MC dalam acara pernikahan, yakni orang yang bertugas sebagai tuan rumah yang pemimpin dalam acara pernikahan (Walimatul ‘Ursy). Seorang pembawa acara MC dituntut agar dapat membawakan informasi dalam acara pernikahan tersebut.

Pernikahan merupakan suatu ibadah yang sudah disyariatkan dalam Islam, oleh karena itu harus dilaksanakan secara sempurna serta mengikuti peraturan-peraturan yang telah ditentukan.

Kumpulan Contoh Pembawa Acara (MC) Pernikahan Bahasa Sunda

Kumpulan 5 Contoh teks MC pembawa acara pernikahan bahasa sunda dalam sambutan acara pernikahan.
Pelaksanaan yang dilakukan dengan baik merupakan satu tuntutan agama. Oleh karena itu, ulama telah menulis dan menjelaskan dengan panjang lebar dalam buku-buku, kitab maupun ceramah mereka.

Artikel terkait:

Pernikahan adalah ibadah suci yang termaktub dalam al-Quran dan hadis-hadis Nabi. Dalam pernikahan itu sendiri mengandungi banyak hikmah dan keistimewaan. Maka barang siapa yang mampu melaksanakannya dengan sempurna, maka ia dan pasangannya akan mendapat pahala.

Untuk pembawa acara atau MC sendiri dalam acara pernikahan, biasanya membaca naskah yang telah disiapkan sebelumnya, tetapi sering juga mereka memberikan informasi tanpa menggunakan naskah teks.

Teks Pembawa Acara MC Sambutan Pernikahan

Nah, Baiklah berikut adalah ke- 5 buah contoh teks pembawa acara mc pernikahan dalam bahasa sunda. Silahkan disunting apabila ada beberapa kata-kata yang memang harus diganti.


1. Teks Mc :BUBUKA” Dalam Pembawa Acara Pernikahan Basa Sunda



1. MC Pernikahan Dalam Bahasa Sunda

BUBUKA
Assalamua’laikum Wr. Wb..

 

Bapak-bapak, Ibu-ibu para wargi sadayana anu sami llinggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut,ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita minangka pamuka acara. Babasan padika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna.Neda panyaksen acara bade dikawitan.

MAPAG CALON PANGANTEN PAMEGET

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan.Jagong tuhur meunang ngunun haturan wilujeng sumping, di sugeng ing pucu galuh kelurahan. (…) katelahna,tempat anyar pangharepan sarakan keur kahirupan kulawargi.Calon panganten Istri, bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hayap calon panganten pameget miwah rombongan.

PANGALUNGAN MANGLE

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah (mangle di kalungkeun).Haturan wilujeng sumping kacalon  panganten pameget. Tutut gunung keong reuma, sumangga geura gek calik.

 

SESERAHAN

Bismillahhirrahman nirahim.. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, bawi raos emutan pribados, pamali mun dilami-lami, teu kedah dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi,di dago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak. Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga.

Peryoga manusa pangesi dunya, anu parantos dipaparinan manah, rasa, lisan dina saliring dumadi.Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah di sarengan ku ucap. Teu sae miulan awi, mere cai geusan mandi, mere huhut tina guguran.

Namung kedah di bejer beaskeun,kembang boled nu tetela. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara urang kawitan ku lantunan kalam ilahi nu bade di lantunkeun ku (…) Ngahaturkeun nuhun ka (…)

Nuparantos ngalantunkeun kumandang kalam ilahi, mudah-mudahan ageung manfaatna kanggo numaoskeun khususna, umumna ka urang sadaya anu sami-sami ngupingkeun. ”amin”. Calon panganten pameget miwah rombongan, mugi teu janten kekeling galih renghat nya mamnahan, aya naon nya pamaksadan.

Numawi jauh-jauh di jugjug anggang-anggang di teang. Sumangga geura wakcakeun masing balaka (Sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeun lebetning kalbu jeroning ati).

PANAMPIAN

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu di maksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun simpai babarayaan, sakotretna tina hate. Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna nyerahkeun panganten pameget sareng cacandakanna.

Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna mangga nyanggakeun kanu di sepuhkeun ti pihak calon panganten Istri.Waktos di sayogikeun.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Kumargi eta mangga geura hayap calon panganten pameget miwah cacandakanana Mangga cacandakan hiji di dugikeun secara simbolis ku Ibu calon panganten pameget di tampi ku Ibu calon panganten istri. Nusanes namah di antaykeun wae. (Mangga calon  panganten pameget di candak kalebet heula kangge di dangdosan).

AKAD NIKAH

Para wargi sadayana.. Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih Ng (…) cep (…) Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun.

Nudiseja mang nyata neda panyakseni ti  para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. (Mangga candak calon panganten istri ka luar). Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama kanggo ngalaksanakeun Akad Tikah (…)

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos rengse kalayan lancar. Acara salajengna di teraskeun kana sungkeman.(Mangga ieu acara disanggakeun kka pangersa (…)

DO’A

Acara munggaran dugi ka akhir parantos rengse, mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya di lajengkeun kana do’a.Kangge mimpin ieu do’a. mangga ka pangersa (…) di haturanan.

Ti pribados salaku pangatur waktos, bilih aya basa nu teu sampurna, teu merenah sareng tata titi,undak unduk basa, hapunten anu di teda. Urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah

Wabillahi taufiq wal hidayah Wassalamualaikum Wr. Wb.
2. Kata Kata “Mapag Panganten” Dalam Bahasa Sunda


Contoh Teks MC Pernikahan dalam Bahasa Sunda

Assalamua’laikum Wr. Wb. Ibu-ibu, Bapa-bapa sareng para wargi sadayana anu sami linggih, hormateun simkuring. Sakumaha ka uninga ku urang sadayana, Alhamdulillah calon panganten pameget miwah rombongan parantos sumping ngaleut ngengkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang.

Bismilah, purwa wiwitan ieu pamuka carita, nyaeta minangka pamuka acara. Babasan pandika pagawean lamun nangtung ka jungjunan, sing lulus bantun jeung tumbu buah seureuhna. Neda panyaksen ti sadayana ieu acara bade dikawitan.

Pangersa calon panganten pameget miwah rombongan. Jagong tuhur meunang ngunun dina pingping haturan wilujeng sumping, di wewengkon (…) tempat pangaharepan sarakan keur kulawarga. Ka pihak calon panganten Istri,  bisi si jalu hanjelu si lanang honcewang, sumangga geura hiyap calon panganten pameget miwah rombongan.

Tawis panampian tatamu, tanda kameumeut, kadeudeuh, tawis asih ti kakasih, tanda tresna kanyaah, mangga geura kalungkeun eta mangle tawis pangrungrum hate perseka kabersihan manah, ku ibu atanapi wawakil ti pihak calon panganten istri (mangle di kalungkeun), salajeungna dihaturanan linggih ka calon panganten pameget miwah rombongan, di tempat anu parantos disayogikeun.

Bismillahirrohmanirrohim Ashadua ala ilaha ilalloh wahdahulasyarikala, waashadu anna muhammadan abduhu worosulluh.amma ba’du. Alhamdulillah puji sinareng syukur urang tiasa kempel ngariung di ieu tempat, kalayan aya dina kasehatan, bingah ka giri-giri bagja kumbayangan dina dinten (…) ping (…) dua insan parantos jangji pasini pikeun nyucruk galur sunah rosul, baris ngahiji ngajatukrami.

Ngadahupna neng (…) putrina bapa (…) kalih ibu (…) ka cep (…) Putrana bapa (…) kalih ibu (…). namung sateuacanna sim kuring pun (…) baris ngadugikeun rundayan acara nu baris di pedar, di antawisna;

1. Bubuka
2. Lantunan kalam illahi Ku : ………
3. Seren sumeren ti 2 pihak calon panaganten. Panyerahan ti pihak calon panganten pameget ku  (…), Panampian ti pihak calon panganten istri ku : (…)
4. Simbolisasi seserahan
5. Walimatul urusy /akad nikah *ku petugas KUA
6. Sungkeman
7. Tutup

Bapa-bapa, ibu-ibu para wargi sadaya nu sami rawuh hormateun sim kuring, sumangga pikeun muka ieu acara urang sasarengan maos basmallah.Bismillahirrohmanirrohim. Para hadirin miwah para tatamu sadayana, acara salajengna urang sami dangukeun lantunan kalam ilahi nu baris di lantunkeun ku pangersa (…) Waktos sareng tempatna mangga nyanggakeun.

Ngahaturkeun nuhun ka kersana (…) Nu parantos ngalantunkeun kalam ilahi, malah mandar janten panambih nambih kaimanan sareng kataqwaan urang sadayana. Amin. Para hadirin, miwah para tatamu sadayana, khususna ka calon panganten  pameget miwah rombongan, pamali mun dilami-lami komo dilila-lila, nu dianti-anti ti tatadi, didago-dago ti bareto, ayeuna parantos nyampak.

Sok sanaos sami surti, sami uninga maksadna, nanging, kanggo nyumponan tindak tanduk tata titi duduga peryoga. Teu cekap ku surti sareng tekad wungkul, namung kedah disarengan ku ucap. Ku kituna, sumangga ka pangersa kasepuhan calon panganten pameget dihaturanan kapayun kanggo ngadugikeunana.

Para wargi sadayana, nembe sami-sami nyakseni gerentes kalbu kasepuhan ti pihak calon panganten pameget miwah rombongan. Lain lantung tambuh laku sanes lunta tanpa seja, purwa aya nu dimaksad, seja ngaitkeun janji pasini , manjangkeun tali babarayaan.

Sakeser daun satangkal, sabungkus bareng jeng bungkusna rupina bade nyerahkeun calon panganten pameget sareng cacandakanna. Sim kuring saukur darma, teu wasa  panjang carita. Kanggo pang walerna baris di langsung didugikeun ku sesepuh ti pihak calon panganten istri, kanggo pangersa, sumangga nyanggakeun waktos sareng tempatna.

Para wargi sadayana, bingah amarwata suta, bingah ka giri-giri, bingah nu taya papadana. Nugar cadas mangih emas, mobok manggih gorowong, aya jalan komo mentas. Jalan gede sasapuan batu turun guesik naek, itu purun ieu daek, laksana nya pamaksadan.

Salajengna simbolisasi seren sumeren mangga ka ibu calon panganten pameget kanggo ngadugikeunana ditampi ku ibu calon panganten Istri. (cacandakan nu sanesna tiasa dipapaykeun ka lebet).

Para wargi sadayana, Niti wanci nu mustari, ninggang mangsa nu utama. Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, koleak sakembaran, koceak ninggang ugana. Uga pakaitna tatali asih, ngadahupna Neng (…) ka  cep (…) Jangji urang pastikeun subaya urang nyatakeun. Nu diseja nyaeta neda panyakseni ti para wargi sadayana, Upacara akad nikah seja dikawitan. Sumangga ka pangersa bapa petugas ti Kantor Urusan Agama, nyanggakeun waktosna.

…………………………………….

Alhamdulillah wa sukrulillah kalawan rido gusti anu maha welas  tur nu maha asih, oge pangdu’a ti sadayana, akad nikah parantos engse kalayan lancar, mugia dua insan nu nembe resmi ngajadi tiasa sarendeuk saigel, sabobot sapihanean, ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salogak, dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah. Amin…

Acara salajengna diteraskeun kana sungkeman, ka dua panganten sumangga sungkeman ka sepuhna nyuhunkeun widi kanggo ngarambah rumah tangga nu baris dibina. Ibu-ibu, Bapa-bapa miwah para wargi hormateun simkuring, rupina rundayan acara ti munggaran dugi ka akhir parantos rengse dipedar kalayan aya dina kalancaran.

Mugi urang sadayana aya dina panangtayungan Gusti nu maha suci. Kukituna kanggo panganteb kahoyong urang sadaya dilajengkeun kana do’a. Kangge mimpin do’a, mangga ka pangersa (…) dihaturanan.

Sim kuring pun (…) baris amit mundur amit mungkur, hapunten anu kasuhun bilih aya basa nu teu luyu sareng undak usukna, bilih luhur saur bahe carek, rumaos sanes ahlina, kanggo nutup ieu acara sumangga urang pungkas ieu acara ku maos hamdalah sasarengan. Alhamdulillahirrobil alamin. Hatur nuhun, wassalaualaikum wr.wb.

Kanggo para tatamu aya hidangan ala kadarna ti sohibul hajat, ku kituna sumangga dihaturanan.

3. Kata-Kata “Serah Terima Pengantin” Bahasa Sunda

3. MC Kata-Kata Serah Terima Pengantin Dalam Bahasa Sunda


Pembawa acara nikah bahasa sunda

Hadirin anu kusim abdi dipihormat, bapa miwah ibu keluarga calon panganten isteri bapa (…) miwah ibu (…) anu kusimkuring dipihormat sareng mugia ku Alloh di Mulyaken. Kulawarga calon Panganten pameget bapa (…) miwah ibu (…) sakulawrgi rombongan ti (…) anu kusimkuring dipihormat, Alhamdulillah rombongan parantos sumping ngalet ngengkey ngabandalet ngembat-ngembat nyatang pinang.

Gunung luhur dihandapen nana lamping, ditungguan ku bidadari, haturan wilujeng sumping di rorompok calon panganten Isteri Tempat pangharepan sarakan jeng kulawarga, kapihak calon panganten istri, bisi sijalu hanjelu, silanang honcewang, sumangga gera hiyap calon panganten pameget sareng rombongan.

Al-mukarom al-mukaromah ‘alim ‘ulama para ju’ama, para petugas ti Kantor Urusan Agama sinareng Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji2na, pribados atas nami kulawarga Bapa (…) sareng ibu (…) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana, dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrina anu jenenganna (…) anu maksad bade di dahupkeun ka kang (…).

Dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu  tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakalid eui hapunten. kana kasayogian bapa sinareng ibu tiasa rurumpahen sumping seja nyakseni detik detik anu ngabahagiaken dina dintenan anu dipikasieup ku rasa asih asah tur asuh dina raraga akad nikah dua insan anu saling mika asih anu tadina pada jauh lir ibarat pribahasa “Asam digunung garam dilautan bertemu dalam satu belangga”.

Anu insya Alloh bade diraketken ku pernikahan anu suci dina dintenan ieu, kaping ieu, bulan ieu, taun ieu, sabada samarca pada nyakseni aya dua pamayang papasangan anu bade ngambah sagara ciptaan pangeran , tarik jangkar beber layar menuju pulo anu ditaretes kukabahagiaan, Mugia kasumpinganana Bapak Miwah Ibu ngajantenken Ibadah, dicatet amal kasaean anu baris nyandak kabahagiaan dunya sinareng akherat. Amiin Yaa Alloh Ya Robbal A lamin.

 

Bismillah jadi sekar pangiring catur, ngajadi tuturus laku, muru sampurnaning rahayu, banjaran jatining bagja. Alhamdulillah panyinglar Riya jeung Sum’ah, anu pasolengkrah nyaruntah dina galeuh leuleumbutan, panundung ujub jeung takabur,  anu ngagojod dina qolbu, pangusir anu ngadaki dina ati, nu tinggal iwal ti setra bersihna ati, geusan nampa jorelatna hidayah Al-Qur’an jeung sunnah Rosululloh SAW.

Ku ucapan kalimat syahadataen, anu netepkeun pagusten, bari pasang subaya ka gusti nu maha suci, Insya Alloh moal arek lunca linci, mulang udar tina tali gadang, najan tepi ka iraha oge, keukeuh kukuh, anteng manteng moal rek monteng, najan loba nu muntangan.

Mudah-mudahan Alloh SWT tetep masihken pitulung sareng taupikna kaurang sadaya sangkan gemah ripah repeh rapih loh jinawi sarta tengtrem karta raharja dugika urang tiasa nyuprih hikmah sareng padilah sinareng mamfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan, patepang disalaka maya dilajengken dibuanan nyata 2 tetep ngagedurken geeter-geter asih janten  pasini janji seja laki rabi, kiwari cunduk diwaktu ,ninggang dimangsa, nitih wanci anu mustari kang (…) Sareng teteh (…) Didahupken dibale nyungcung.

Sholawat sinareng salam teh hiji do’a, nu nandakeun kadeudeuh sareng kameumeut anu maneuh, ka gusti junjunan alam, kakasih Alloh, Mugia Salawat sareng salam dikocor golontorken kapanutan urang sadayana habibana wanabiyana Sayyidina Muhammad SAW, ka kulawargina, miwah ka para shohabatna, sareng ka jalma anu turut tumut kamantena, pamugi kalebet urang sadayana. Amiin.

Hadirin anu kusim kuring dipihormat.. Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate, mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta

1. Pembukaan
2. Aosan ayat suci al-Qur,an sareng solawatna
3. Biantara pamasrahan calon panganten pameget kupihak calon panganten pameget
4. Biantara panampian calon panganten pameget ku pihak panganten isteri
5. Akad nikah
6. Sungkem
7. (…)
8. Du’a
9. Tutup

Supados henteu nyangkolong kana waktos tur ageng barokah sumangga urang kawitan. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun.

كل امر ذي بال لا يبدء باالبسمله فهو اقطع او اجدم

Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka eta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun ayat basmalllah sasarengan…

Hadirin kadang mulya sadayana ! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, buktosna kitab suci Al-Qur’an. Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah.

Kumargi sakitu acara salajengna nyaeta pembacaan ayat suci Al-Qur’an sinareng solawatna, manga urang danguken lantunan kalam ilahi sangkan nyusup abus kana ati, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci Al-Qur’an anu bade diaosken  ku sdrk (…), sumangga anu kapapancenan kalayan hormat dihaturanan.

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape, ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna.

Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos maosken ayat suci Al-Qur’an sinareng solawatna mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana. Wabil Khusus jadi pang jajap jadi pang dedel  du’a kango dua calon mempelai, jadi pangregreg, pang ludeng kana mayunan akad nikah.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag. Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.

Manga ka pupuhu atanapi wawakil ti Calon panganten Pameget seja biantara sambutan pamasrahan calon panganten pameget kupihak calon panganten pameget manga kamantena dihaturanan. Anu bade ngawakilan biantara ti wawakil panganten pameget, waktos sareng tempat dihaturanan ka anjena.

Para wargi sadaya nembe sami sami nyakseni gerentes kalbu,  kasepuhan calon panganten pameget sareng rombongan . lain lantung tambuh laku, sanes lunta tanpa seja , purwa aya anu dimaksad seja ngaitken, janji pasini, manjangken tali babarayaan. Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputripurah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribumi mah langkung tikitu. Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos ngadugiken sambutan nana tiatas nami calon panganten pameget.mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana.

Sakeser daun satangkal , sabungkus bareng jeng bungkusanana, rupina bade nyerahken calon panganten pameget sareng cacandakannana. Sim kuring saukur darma , te wasa panjang carita, kango pangwalerna, baris langsung bade didugiken kusesepuh tipihak calon panganten istri Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae,nyaeta gera biantara  kana sambutan ti pihak calon panganten isteri panampian calon panganten pameget ku pihak panganten isteri ka bapa (…) kalayan hormat sumangga dihaturan.

Para wargi sadaya bingah amar wata suta bingah kagiri giri bingah nu taya papadana. Nugar cadas manggih emas. Mobok manggih gorowong aya jalan komo mentas , jalan gede sasapuan batu turun kesik naek, itu purun ieu daek laksana aya pamaksadan.

Ngahaturken rewu nuhun  kanu parantos ngadugiken sambutanana kana biantara nampi calon panganten Pameget ngawakilan tiatas nami calon panganten isteri mugia ageung barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana

(lajeng seren sumeren Simbolik)

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun

Para wargi sadayana niti wanti nu mustari ninggang magsa nu utama. Malati ligar na ati campaka mekar na dada. Koleak sakembaran, koceak ninggang ugana, uga pakaitna tali asih  ngadahupna ieu dua insan, janji urang pastiken subaya urang nyataken, nu diseja nyaeta panyakseni tipara wargi sadayana, kadang wargi anu mulya !!

Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan komo meuntas, mobok Manggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran : Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalakon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan.

Kantun rukun nu utami, Acara anu salajengna nyaeta acara anu diantos antos lir ibarat popoek ngantosan caaang, hiji waktos anu ngageterken ati anu ngabungahken kana diri nyaeta akad nikah manga bapa petugas kantor Urusan Agama kalayan hormat dihaturanan ngagarap hancenganana….

Hadirin anu kusim kuring dipihormat.. Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ludeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak.

Alhamdulilah wasyukurilah kalayan rido gusti nu maha welas tur maha asih oge pangdu’a tisadayana acara akad nikah parantos rengse aya dina kalancaran ngajantenken hiji kagumbiraan wirehna akang (…) sareng teteh (…) Parantos sah janten laki rabi / suami isteri raja sehari ngajadi panetep diri piken ngadawung rumah tanggi menuju pulau kabahagiaan anu ditaretes ku cinta ti dzat ilahi raby.

kalayan lancar mugia dua insan anu nembe ngajadi tiasa sarendek saigel sabobot sapihanean kacai jadi salewi kadarat jadi salogak dina ngawangun rumah tangga anu sakinah mawadah warohmah amiin. ngahatur sewu nuhun ka pangersapetugas ti KUA Muga ageung manfaatna, sareng barokahna amin ya robbal alamin.

(Sungkem lamun aya, Salajengna diterasken kana sungkuman kadua panganten sumangga sungkeman kasepuhna nyuhunken widi kango ngarambah rumah tangga anu baris dibina)

Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa, minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa (…)

(…) Ngahaturken rewu nuhun kanu parantos nyesepuhanan du’a mugia ageeng barokah sareng mamfaatna khusus kango anjena umumna urang sadayana tur ditampi ku gusti Alloh SWT.

Alhamdulilah acara tikawit dugika akhir parantos rengse tur aya dina tangtayungan Gusti Alloh SWT mugia dua insan (…) sareng (…) Anu parantos didahupken sing ngajantenken rumah tangga anu sakinah mawaddah sareng warohmah. Laksana urang dawuhken paripaos anus ok aya dina ba’da akad nikah selamat berperang diatas ranjang selamat bertempur diatas kasur. Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH

Manga bapa kalih ibu tos biasa dina akhir acara sok  kana hidangan ti sahibul hajjat parantos disayogiken…..

Hatur nuhun wassalamu a’laikum..

4. Teks “MC Walimatul Ursi” Nikahan Basa Sunda

4. MC Untuk Pernikahan

 

Contoh teks MC pembawa acara pernikahan bahasa sunda (Walimatul ‘Ursy)

السلام عليكم ورحمة الله وبركاته
الحمدلله الذي احل النكاح وندب اليه وحرم السفاح ووعد عليه اشهد ان لااله الاالله وحده لاشريك لهو واشهد ان محمدا عبده ورسوله اللهم فصل علي سيدنامحمد وعلي ال سيدنا محمد وصحبه كرام البرره امابعد

Sugrianing puji hayu urang sanggakeun ka dzat anu maha agung Allah Azza wajalla, sholawat kalih kasalametan hayu urang sanggakeun ka junjunan ‘Alam kanjeng Nabi anu linuhung tur agung, Habibana wanabiyyana Muhammad SAW. Katut ka Kulawargina, para sahabatna tug dugi ka urang samudayana anu ngaku janten ummat mantena Amin.

Para sepuh anu linuhung, para pupuhu papayung ieu nagri, para tamu anu gararinding, hadirin kadang mitra samudayana nu teu tiasa diwincik hiji-hijina, pribados atas nami kulawarga Bapa (…) sareng ibu (…) ngaraos bingah amar watasuta pareng disumpingan ku palawargi samudayana.

Dina acara nemrakkeun kabingah nyaeta Seja Walimatul ‘Urusy anu janten putrana anu jenenganna (…) anu maksad bade di dahupkeun ka teh (…) dina danget ieu, ananging pamugi palawargi ageung tawakufna saupamina tinangtos panampian tatamu tebih tina nyugemaken, sakieu ayana, hapunten sakali deui hapunten.

Cunduk waktu nu rahayu ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati, campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung, sumangga acara dipitembeyan. Lalangse panyana hate, mapag balebat dibeulah wetan, rek ngembat taya simpangan, namung memeh kebat nya lumampah pribados anu kapapancenan janten panungtun ieu acara seja ngawincik rentetan acara anu bade dipedar, nyaeta

1. Seja Bubuka anu awal ku aosan basmallah, sabab saur katerangan ngadawuhkeun
كل امر ذي بال لا يبدء باالبسمله فهو اقطع او اجدم

Anu pihartoseunana kirang langkung satiap perkara anu teu dikawitan ku maos Basmallah maka eta perkara teh pegat tina rohmat Alloh, atanapi moal sampurna, kumargi sakitu hayu urang sami-sami aoskeun ayat basmalllah sasarengan..

Hadirin kadang mulya sadayana! Mun balayar tanpa kamudi, Palang siang katambias, Mun hirup Tanpa kendali Palang siang bakal sasab, Poekeun jalan, leungiteun udagan, ngan bagja keur sakumna umat islam hirup teh boga pedoman, biktosna kitab suci al Qur’an.

Bisi leumpang pareng sasab mun balayar pareng katambias, rampang reumpeung poekeun jalan sorangan, sangkan manah jadi caang, guligah ku katengtreman kalayan maksad ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci al-qur’an anu bade digalindeungkeun ku saderek (…), simangga anu kapapancenan dihaturanan.

Panganteur nganuhunkeun..

Galindengna kalam ilahi mapaler hate nu cape,ngupahan manah nu susah, rembes nembus kana sanubari, sumarambah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara minuhan awak, sok komo upami ngartos maknana, cacak dirarampa oge geuning nikmaaat karaosna. Dedeul du’a, mugia ageng manfaatna husus kanu ngaosna, oge walatra ka urang sdayana, Amin.

2. Seren sumeren bakal panganten, dikawitan ku nyerenkeun bakal panganten pameget.

Selenting bawaning angin, kolepat bawaning kilat, manggih beja, aya jajaka rek nyaba, rek nyusul jangji pasini, rek ngaguar subaya nu katunda, brul ngagimbung, bral ngarantay, legeudeut aleutanana, kalayang kalakay ragrag.

Gurat badag pasejaan para tamu tos kateguh, namung wincikan pangeusi galih, guaran kandungan manah, eta mah tacan katorah, geusan ngabejer beaskennana sumangga wawakil ti para tamu dihaturanan tandang makalangan.

3. Panampian calon  Panganten pameget ku atas nami kasepuhan panganten istri.

Dulur- dulur anu sami hadir ! sakitu pisaur sepuh, wawakil ti para tamu, diguar paragat nemrak, sihoreng simana horeng, keuna kana paripaos, hayam kasintu, seja ngambil tuangputra purah nutu, purah nyangu, purah ngasakan baligo, purah calik dina lampit, purah tunggu imah gede, kitu na teh bari nyekel tutungkusan.

Gunung luhur aya tutugan ku jangkungna. Sagara mayakpak lir tanpa tepi ku legana. Bawiraos ka bingah pribimi mah langkung tikitu. Giliran nu kasumpingan, enggal geura bageakeun wae, ka saderek (…) anu kapapancenan dihaturanan kapayun.

Lajeng seren sumeren Simbolik..

Guar pasejaan paragat nemrak, panampian kakuping jentre, namung, naon nu kasanggakeun, sareng nu katampi nembe babasaan, taeis tampan tinampan ti dua pihak, seren sumeren simbolik, sumangga cacandakan nu bade kadugikeun di ka payunkeun, oge wawakil tatamu sareng wawakil pribumi anu bade seren sumeren, mangga majeng kapayun..

4. Acara pokok/Inti Akad Nikah

Malati ligar na ati, campaka mangkak na dada. Hate ratug tutunggulan, mareng cinta jeung cita rek diamprokeun, panganten pameget wasta…….., nu kasep. ka panganten istri watana… nu geulis. Mun kamari kungsi aya carita, antara dua waruga aa jeung teteh nu wayahna katunda heula samemeh masing-masing boha tihang geusan pamuntangan.

Basa jalan sisimpangan geus ngabulungbung, aa mah mengkol ka kenca, si teteh mah mereun kakatuhu. Udagan tunda na dada. Aa sareng teteh kiwari jalan teh tepung ngahiji deui, prak bageur geura leumpang babarengan, mapay jalan nu ngembat taya simpangan.

Para hadirin sadaya !! Aya manggah manjing asak, ditotog lebah gagangna, puguh we aya jalan komo meuntas, mobok Mnggih gorowong, ku urang sami kasakseni, yen sepuh dua pihak sami ikrar, manah rumojong kana kahoyong para putra/i na, manjing kana sisindiran :

Batu turun keusik naek itu purun abdi ge daek. Ieu wayang itu wayang, wayangna wayang arjuna, itu hayang ieu hayang, hayangna kabina-bina. Keur mungkas carita lagas, lalkon waktu rumaja, jog anjlog kadunya anyar, duh ieung laksana kabale nyungcung, gapuraning rumah tangga, bakal sasalimpetan sareng susulumputan. Kantun rukun nu utami, nyatana AKAD NIKAH nu dia nati, ka patugas KUA nyakitu ka bapa Amilna, dihaturanan ngagarap hancenganana.

Panganteu Du’a

Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan fatwa piwejang, ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ledeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah, paragi nyaliksik diri, ngarampa jeung maca awak, hatur sewu nuhun ka pangersa….., Muga ageung manfaatna, amin ya robbal alamin.
Giliran nu panungtungan acara, urang lekasan, geura panteng mapat do’a. Minajat kanu kawasa, minangka jajap panganten, rek nuju bahtera rumah tangga, geusan pinanggih jeung kabagjaan, kanggo nyesepuhan du’a, di suhunkeun ridho galihna ka pangersa………..

Panutup:
Tutug Rampung tuntas paragat, magga urang sami-sami rampak ngaos HAMDALLAH..
5. Naskah Teks “Masrahkeun Panganten Lalaki” Basa Sunda

Teks MC masrahkeun pengantin pria

Assalamu ‘alaikum wr. wb.

Inna hamdalillah. Nahmaduhu wa nastai’nuhu wa nastagfiruhu wa na udzubillahi min syururi anfusina wa min sayyiati a’malina. Mayyahdzillahu fala mudzilallah wama yudlilhu fala hadiyalah.

Asyhaduanla ilaha illalah wahdahu la syarikalah, wa asyhadu anna muhammadan ‘abduhu wa rosuluhu, la nabiya ba’dah.

Puji anu janten mimiti ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci. Puja minangka bubuka carita, urang sanggakeun ka Pangéran Nu Murbeng Alam, kalayan sukur kapihatur ka Alloh Nu Maha Gofur.

Alhamdulillah wa syukrillah wa ‘ala ni’matillah, dina dinten ieu anu dimulyakeun ku Alloh SWT, urang sadaya parantos dikersakeun ku Manten-na tiasa kempel ngariung dina ieu pamaksadan, dina raraga nyambungkeun tatali silaturahmi antawis papada urang salaku umat muslim.

Atuh kalihna ti éta, urang ngariung téh seja nyakséni kalayan ngadorong ku du’a kana naon rupi anu dipimaksad ku sohibul makosid sakulawargi.

Solawat sinareng salam mugi-mugi dikocorkeun ka jungjunan urang sadaya, habibana wa nabiyana, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, kalayan mugi-mugi dikocorkeun ogé ka kulawargina, ka para sohabatna, ka tabi’in tabi’atna kalebet urang sadaya kaom muslimin anu tumut kana ajaranana. Pamugi urang sadaya kalebet umat anu kénging syafaat di yaumil ahir. Amin.

Bapa kalih Ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Langkung ti payun ngahaturkeun réwu nuhun ka panata acara anu parantos maparin waktos ka sim kuring kanggo cumarios dina ieu pasamoan.

Hatur séwu nuhun utamina kasanggakeun ka pangersa Bapa Sastra Wiguna sakulawargi anu parantos ngangken kalayan nampi ka sim kuring sinareng rombongan, ku panampian anu kalintang nyugemakeunana. Abot nyuhun abot nanggung abot narimakeunana.

Teu aya anu tiasa dipisanggem iwal ti seja menekung ka Nu Maha Agung, ngamugi-mugi ka Gusti Nu Maha Suci, pamugi rupining kasaéan Bapa Sastra Wiguna sakulawargi sing janten amal soléh anu dipirido ku Alloh SWT. Amin.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, sakumaha anu kauninga ku urang sadaya, wiréhna pun anak Cép Tata dongkapna ka dieu diwuwuh ku parasepuh, duriung ku wargi-wargi, dijajap ku pirang-pirang pidu’a, kantenan sanés lantung tambuh laku sanés léntang tanpa béja.

Nanging aya maksud kolbu nu dituju, aya maksad manah anu diseja. Wiréhna kapungkur sabadana pun anak, Cép Tata, patepang anu munggaran sareng Néng Titi, rupina ngaraos kapetik ati kapentang asmara cinta. Bubuhan Néng Titi apan sakitu sieupna.

Saur juru pantun mah geulisna bawa ngajadi éndahna bawa ti kudrat. Dedeg sampé rupa hadé. Gadona endog sapotong, beungeutna ngadaun seureuh, irungna kuwungkuwungan, tarangna teja mentrangan. Diteuteup ti hareup sieup disawang ti tukang lenjang.

Pantes saupami Cép Tata teras kagémbang kapéngpéongan. Atuh kaleresan diwuwuh ku batu turun keusik naék, itu purun ieu daék, dugi ka pasini jangji hoyong cacap jatukrami.

Dina danget ieu, Cép Tata téh rupina seja maheutkeun jangji pasinina, gaduh maksud hoyong mungkas alam lalagasan, ngancik di alam rimbitan, teteg jejem rék muru ka balé nyungcung, manawi aya rido ti Gusti Nu Maha Agung.

Dina ieu kasempetan, kalayan kasakséni ku wargi-wargi, ogé diwuwuh ku para sepuh, sim kuring seja nyanggakeun pun anak, Cép Tata, ka ramana Néng Titi, pangersana Bapa Sastra Wiguna kanggo ditikahkeun dina danget ieu.

Atuh ka Bapa Sastra W iguna sarimbit, hususna ka Néng Titi, ti danget ieu Bapa sareng Ibu salaku sepuhna nyanggakeun Cép Tata, ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal, ti tengah tina pangkonan.

Nyanggakeun rambutna salambar, getihna satétés, ambekanana sadami. Nyanggakeun ti luhur saujung ketu, ti handap saujung sapatu, di tengahna anu kitu, anu sawaktos-waktos sok jiga surutu.

Kalihna ti éta, Cép Tata dongkapna ka dieu téh éstuning henteu jangjang henteu jingjing. Mung ieu wé saurna nu dibantun téh mung sarupi, nyaéta nu ngaringkuk kawas kuuk, nu bosongot kawas marmot, nu ngaréngkol osok ngompol.

Numawi Cép Tata teras ngaréka sisindiran:

Karéta nyorang tanjakan jalanna maju ka kidul. (Wios) Cép Tata teu cacandakan, asal étana bedegul.

Saur Cép Tata, éta nu bedegul lir doran pacul téh tos ngukuntit ti aalit, dicacandak ti bubudak, nanging éstu teu acan pisan digolangkeun. Bubuhan dipaké pamikul bengkung, dianggo pangérét bingkeng, dianggo tihul teu hurung. Numawi teras dibantun wé ka dieu. Manawi di dieu mah tiasa dimangpaatkeun ku Néng Titi, dianggo geusan nyiptakeun kabagjaan lahir batin. Jadi pamatri asih laki rabi dina ngambah sagara rumah tangga.

Bapa kalih ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring! Sateuacanna nampi kana ieu pamaksadan, pamugi kauninga utamina ku Néng Titi, wiréhna Cép Tata téh mung jangkung luhur salirana wungkul. Ditilik tina harti sareng hartana mah éstuning sepi harti tuna harta, suwung ku kaweruh.

Atuh ditilik tina rigigna sanés rigig santri, dirérét tina légégna sanés légég Bapa Lebé, masih kénéh meryogikeun pangatik sareng pangdidik ti para sepuhna, malah mandar tiasa ngawangun rumah tangga sakinah sakumaha anu dipiharep ku urang sadaya.

Bapa kalih Ibu, dongkapna sim kuring sareng rombongan ka ieu tempat téh katingalna mah ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut ngembat-ngembat nyatang pinang. Nanging ngaleut téh henteu leubeut ku tanggeuyan, ngembat téh teu rébo ku cacandakan.

Ngabringna henteu rimbil ku jingjingan. Éstuning keupat eundang ngadaleungdang, indit sirib ngaligincing. Éta cenah aya nu kajingjing sakedik, kabantun bari ngalangkung, duka naon. Duka artos sapésér duka kaén sacewir. Éta mah haturan waé kanggo Néng Titi, tamba isin ngaligincing.

Minangka pangjajap pangjurung laku ka Cép Tata sareng Néng Titi, hidep duaan téh mangrupi sekar munggaran anu mekar mangkakna pinuh ku harepan. Bébér layar tarik jangkar, ngarancana mungkas mangsa lalagasan, sapuk rék muru ka balé nyungcung. Mugi-mugi pamaksadan hidep duaan sing tiasa tinekanan. Sing teteg henteu galideur dina nyorang paneka rumah tangga.

Sabada diwalimahan, mugi-mugi hidep duaan sing tiasa ngawangun rumah tangga nu ngarunggunuk kawas dukuh, ngarandakah kawas manjah, ngaréndékéh kawas séréh. Sing ayem tengtrem kutaraharja. Runtut raut sauyunan, sareundeuk saigel sabata sarimbagan sabobot sapihanéan. Ka cai jadi saleuwi ka darat jadi salebak.

Ka cai sing getol mandi, ka darat sing getol solat. Sing tiasa silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayan ku kanyaah, titih rintih mupusti rasa kaasih, tebih tina hiri dengki anggang tina pacéngkadan. Sing jauh tina salingkuh, guyub akur sauyunan, ngawangun rumah tangga nu sakinah mawadah wa rohmah.

Bapa miwah ibu, hadirin palawargi hormateun sim kuring, rupina pisanggem sim kuring urang cekapkeun sakitu waé. Mugi agung cukup lumur, jembar hapuntenna anu diteda, bilih langkung saur bahé carék. Bilih aya budi anu kajingjing ti tepis wiring, basa anu kacandak ti padésaan.

Bilih aya nu kabadug kalbu kagedag manah, kabentur tuur kabéntar taar, kababuk punduk kapangkék kélék, kaciwit imbit katajong tonggong sareng bobokong. Hapuntenna anu kasuhun. Pamungkas pisanggem, hatur séwu nuhun kana sanéskawis perhatosanana. Wabillahi taufik wal hidayah..

Wassalamu’alaikum wr. wb.

Baca Juga: Rangkuman 32+ contoh pidato bahasa sunda lengkap!

Close Menu