Dibawah ini merupakan contoh artikel tentang kesenian bahasa sunda. Kamu dapat menyiuntingnya kembali apabila mungkin ada beberapa kata-kata yang kurang cocok, atau salah, silahkan disesuaikan. Semoga dapat membantu untuk tugas mu disekolah.
![]() |
Foto: @google images |
Pikeun urang Sunda mah kasenian degung teh geus teu bireuk deui. Kadieunakeun malah beuki populer bae ieu kasenian teh. Geus prah di mana-mana, lamun aya nu hajat geuning nu ditanggapna teh sok kasenian degung. Nu matak munasabah lamun degung beuki dieu beuki dipikawanoh jeung dipikaresep bae ku urang Sunda.
Di saban wewengkon ayeuna geus loba diadegkeun grup-grup degung. Atuh di Bogor nya kitu deui. Numutkeun data ti Dinas Kebudayaan & Pariwisata Kota Bogor, aya 37 sanggar seni anu ayeuna hirup teh tur umurna ngabogaan gamelan degung. Atuh lingkung seni anu kawentar apan “Getar Pakuan”, lingkung seni bogana Pemkot Bogor, pingpinan Bapa Sobur Anwar anu ti beh ditu keneh milu mekarkeun kasenian degung di Bogor.
Ti iraha mimiti gumelarna kasenian degung teh? Numutkeun sajarahna, degung mimiti dipikawanoh ku urang Sunda dina ahir abad ka-18 atawa abad ka-19. mimitina saukur hirup di lingkungan para menak jeung kadaleman wungkul. Kecap degung, cenah mangrupa basa kirata, tina ngadeg jeung agung atawa pangagung (dalem, menak), anu ngandung harti yen ieu kasenian teh digunakeun pikeun kaagungan martabat para menak jeung pangagung.
Aya deui nu netelakeun yen kecap degung teh lahir tina kanyataan, yen ieu gamelan ngan ukur dipiboga ku para pangagung (dalem) Sala saurang pangagung anu gede jasana dina mekarkeun kasenian degung nyaeta R.T. Wiranatakusumah V, bupati Cianjur. Nalika anjeunna pindah jadi Bupat Bandung taun 1920, gamelan degung ti pendopo Cianjur dibawa pindah ka Bandung katut para nayagana anu harita dipingpin ku Bapa Idi.
Jaman harita mah waditra degung teh ngan ukur bonang, saron, jengglong, jeung goong. Ku Bapa Idi, waditrana tuluy ditambahan ku kendang jeung suling. Sabada Bapa Idi pupus dina taun 1945, kasenian degung meh-mehan pareum. Eukeur mah mangsa harita apan nagara urang keur meumeujeuhna harengheng ku revolusi fisik, rahayat sangsara di mana-mana.
Degung kakara bisa mekar deui dina taun 1954 ku jasa Moh. Tarya, Ono Sukarna, jeung Encar Carmedi. Salian ti ngasongkeun lalaguan nu geus aya, ieu nu tiluan teh nyiptakeun oge lalaguan anyar. Ti mimiti taun 1956, degung mimiti disiarkeun ku RRI Bandung tur meunang pangbagea anu hade ti masarakat.
Ti taun 1970-an kasenian degung beuki populer, dimekarkeun deui ku para seniman Sunda, upamana bae Nano S., Euis Komariah, Kustyara, jeung Ujang Suryana. Ayeuna kasenian degung lain ngan ukur populer di nagara urang bae. Di mancanagara oge ieu kasenian teh diarulik ku pra musisi anu mikacinta kana seni Sunda.
Di University of California upamana, aya lingkung seni degung “Pusaka Sunda”. Atuh di Inggris, Rachel Swindell jeung para mahasiswana nyieun lingkung seni anu ngahususkeun ngulik degung. Kitu deui di Jepang jeung di Kanada teu saeutik para mahasiswa anu kataji ku ieu kasenian.
Jadi tetela kasenian Sunda teh henteu tinggaleun jaman tur teu eleh ajenna ku kasenian bangsa deungeun. Meujeuhna lamun urang kudu ngarasa reueus tur milu ancrub miara jeung mekarkeunana.
Social Plugin