Nu méngkong walungan garetol naker. Si Kabayan ogé gadag-gidig manggulan batu jeung gebog cau keur méngkolkeun jalanna cai. Haneut poyan ogé cai téh geus orot, lauk nu galedé geus témbong tinggudibeg.
Yang menutup air sungai giat sekali. Si Kabayan juga ke sana ke mari memikul batu dan gedebog pisang untuk memindahkan aliran air. Kira-kira jam 10 pagi air sudah susut, ikannya yang besa sudah terlihat.
Kedewek Si Kabayan meunang tawés sagedé tampah. Barang rék diasupkeun kana korangna, kokolot ngomong, “Ulah dikanakorangkeun, éta mah keur sémah.”
Si Kabayan dapat tawes sebesar tampah (nyiru). Ketika mau simasukkan ke korangnya, tetua berkata, “Jangan dimasukin korang, itu untuk tamu.”
Kedewek merupakan kecap panganteur untuk menangkap dengan tangan. Korang adalah wadah ikan yang biasa diikat di pinggang terbuat dari anyaman bambu agak carang.
Kedewek deui Si Kabayan meunang nilem sagedé dampal leungeun. Kakara gé diacungkeun geus gorowok kokolot, “Alungkeun kana cireung, keur sémah. Mangkaning kasedepna pais nilem. Hég baé beunteur jeung cingok mah asupkeun kana korang.”
Si Kabayan dapat lagi nilem sebesar bagian dalam tangannya. Baru juga ditunjukkan tetua juga berteriak, “Lemparkan ke cireung, buat tamu. Apalagi kesukaannya pepes nilem. Silakan saja beunteur dan cingok masuk ke korang.”
Cireung adalah wadah ikan berukuran agak besar, terbuat dari anyaman bambu. Jarak anyamannya agak jarang. Beunteur dan cingok adalah nama sejenis ikan sungai yang berukuran kecil.
“Ngeunah éhé teu ngeunah éon… aing nu bobolokot, sémah nu ngeunahna, bari jeung teu milu capé…,” Si Kabayan gegelendeng jero haténa.
“Enak di Anda tidak enak di saya.. Saya yang capainya, tamu yang enaknya, lagian tidak ikut capai…,” Si Kabayan menggerutu di dalam hatinya.
Ngeunah éhé teu ngeunah éon bisa diartikan enak di elu gak enak di gua.
Sabot kokolot keur bongoh, Si Kabayan meunang deui nilem gedé naker. Teu loba catur, sup baé diasupkeun kana korangna. Manéhna hanjat bari ngomong ka mitohana yén rék ngadurukan. Rék dahar heula jeung beuleum betok.
Ketika tetua sedang lengah, Si Kabayan dapat lagi nilem besar banget. Tidak banyak bicara, ikan itu dimasukin ke korangnya. Dia naik sambil berkata ke mertuanya bahwa akan membuat api unggun. Mau makan dulu dengan bakar betok (nama jenis ikan).
Brus nilem téh diasupkeun kana durukan, terus muka timbel bekelna. Kakara ogé beuleum nilem téh béak sapotong, ana gorowok téh Si Kabayan gegeroan ka mitohana.
Nilem dimasukkan ke api unggun, terus membuka bekal nasi timbel. Baru juga bakar nilem itu habis sepotong, tiba-tiba si Kabayan berteriak memanggih mertuanya.
“Abah, Abah, buru-buru ka dieu! Ieu kuring nyeri beuteung, peujit mani pupurilitan. Jeung teu puguh téténjoan!”
“Abah, Abah, cepat ke sini! Ini saya sakit perut, usus merilit sekali. Dan tidak jelas penglihatan!”
Mitohana reuwaseun nénjo Si Kabayan adug-songkol, bari mencétan beuteungna.
Mertuanya panik melihat Si Kabayan gagah menahan rasa sakit, sambil memijit perutnya.
“Haduh, haduh ieu nyeri beuteung!” omong Si Kabayan. Panonna burial buncelik.
“Haduh, haduh sakit perut!” kata Si Kabayan. Matanya terbelalak sambil sesekali memejam.
Nu araya di dinya ribut, ngariung-riung Si Kabayan.
Yang ada di situ ribu, mengelilingi si Kabayan.
“Ku naon? Ku naon? Na dahar naon manéh téh?”
“Kenapa? Kenapa? Makan apa kamu?”
“Teuing, da barang am dahar beuleum nilem, ana purilit téh peujit. Téténjoan teu paruguh. Haduh, haduh, ieu kuring sieun paéh! Lauk téh meureun aya racunan…” Nu araya nénjo beuleum lauk kari sapotong.
“Tidak tahu, ketika makan bakar nilem, tiba-tiba usus merilit. Penglihatan tidak jelas. Haduh, haduh, saya takut mati! Ikan itu mungkin mengandung racun…” Yang ada di situ melihat bakar ikan tinggal sepotong.
“Boa enya laukna aya racunan. Meureun di tonggoh aya nu keur nua ku tua leteng,” ceuk nu ngariung-riung Si Kabayan.
“Masa ikannya mengandung racun. Mungkin di hulu sedang ada yang meracuni dengan racun leteng,” kata yang mengelilingi Si Kabayan.
Si Kabayan adug lajer, terus nangkuban bari nungkup beungeutna. Lok, elak-elakanana dirojok ku curukna. Euweuh nu nangénan. Na ari borolo téh utah babalongkéngan.
Si Kabayan gagah, terus telungkup sambul memegang perutnya. Kerongkongnya di jolok dengan telunjuknya. Tidak ada yang melihat. Tiba-tiba dia muntah sejadi-jadinya.
“Enya, ieu mah karacunan. Geuning tuh utah-utahan,” ceuk kokolot, “Eureun wé euy, urang pindah ka béh tonggoh nu jauh ti lembur. Meungpeung isuk kénéh. Leupaskeun deui wé lauk nu dina cireung mah! Untung ninggang di Si Kabayan, kumaha teuing lamun sémah ti dayeuh nu karacunan…” omong kokolot deui.
“Betul, ini keracunan. Ternyata itu muntah-muntah,” kata tetua, “Mungkin betul, kita pindah ke sebelah atas jauh dari kampung. Mumpung masih pagi. Lepasin lagi ikan yang dari cireung! Untung menimpa ke Si Kabayan, bagaimana kalau tamu dari kota yang keracunan…” kata tetua kampung lagi.
Lauk dina cireung diborolokeun ka cai. Bring nu marak parindah. Kari Si Kabayan wé di sisi cai, ditungguan ku mitohana.
Ikan di cireung dilepaskan ke air. Semua yang marak pindah. Tinggal Si Kabayan saja di pinggir sungai, ditungguin mertuanya.
Barang nu mararak geus jauh, kuniang Si Kabayan hudang, tuluy lumpat ka tengah walungan nu caina masih kénéh orot. Bendungan can dibedahkeun, lauk-laukna tinggudibeg kénéh.
Ketika yang marak sudah jauh, si Kabayan bangun, lalu lari ke tengah sungai yang airnya masih susut. Bendungan belum dibuka, ikan-ikannya masih kelihatan.
“Buru-buru téwakan, Abah! Bisi nu séjén baralik deui.”
“Cepat-cepat tangkapin, Abah! Nanti yang yang keburu balik lagi.”
Mitohana olohok, “Geus cageur manéh téh, Kabayan?”
Mertuanya melongo, “Sudah sembuh kamu, Kabayan?”
“Har…da teu nanaon ti tadi gé. Keuheul tuda, néwak nilem keur sémah, meunang tawés gedé keur sémah. Meunang kancra, kasedepna. Ari keur urang nu bobolokotna, ngan ukur beunteur jeung bogo,” omomg Si Kabayan bari nyéréngéh. Si Kabayan milihan lauk nu galedéna, terus digémbol ku sarungna. Manéhna jeung mitohana mah teu milu ka tonggoh jeung nu séjén.
“Lha… Dari tadi juga tidak apa-apa. Cuma kecewa, menangkap ikan nilem buat tamu, dapat tawe besar buat tamu. Dapet kancra, kesukaannya. Kalau buat kita yang capainya, hanya benteur dan bogo,” kata Si Kabayan sambil menyeringai. Si Kabayan memilih ikan yang besar-besarnya, terus dibungkus dengan sarungnya. Dia dan mertuanya tidak ikut ke atas bersama yang lain.
“Enggeus waé, Bah, bisi teu kadahar!” omong Si Kabayan ka mitohana, ngajak balik bari ngagandong lauk ku sarungna.
“Sudah saja, Bah, takutnya tidak kemakan!” Kata Si Kabayan ke mertuanya, mengajak pulang sambil menggendong ikan dengan sarungnya.
Dongeng : Manuk Beo Cunihin
MANUK BEO CUNIHIN
Di asrama Putri aya hiji Manuk Beo anu kacida pinterna, sok nanya ka para Mahasiswi anu ngaliwat. Kadang sok disada diantarana :
"Wilujeng enjing.."
"Capeee dech.."
"Hey aya tamu.."
"Hudang..hudang..hudang.."
Hiji poe sawaktu tiluan mahasiswi sakamar indit kuliah ngaliwatan kandang Manuk Beo..
Ujug-ujug Beo ngomong sakitu tarikna:
" biru - bodas - hejoo !!!"
Ngadadak 3 mahasiswi reuwas tuluy silih reret,,,
"Deuh, siga warna warna calana jero urang urang ..!"
" Wah.. sigana Beo sok ngintip urang..?"ceuk salah sahiji mahasiswi
" Keun wae lah..sigana kabeneran eta mah, ceuk batur sabeulahna "
Isukna tilu Mahasiswi eta ngaliwat deui hareupeun kandang Beo ..
Ujug-ujug disada..
"hideung - coklat - pink"
Ka 3 mahasiswi reuwas tuluy silih pencrong..
" Gelo,, naha Beo nyaho deui warna calana jero urang urang?"
"Nya nggeus lah... isuk urang tes, urang tong make calana jero... cikan manehna nyahoeun moal!!!"
Isukna katilu Mahasiswi ngahaja teu make calana jero indit ka Kampusna.... lalaunan ngaliwat hareupeun kandang Beo...
" sssttt ,,, tingali tuh Beo bingung lieureun ningali urang urang !!! " ... ceuk salah saurang mahasiswi..
Teu disangka Beo disada tarik pisan..
"GONDRONG - KRITING - DUGUL.!!!".
HAHAHAHA...
Wilujeng sonten baraya..supados teu panik..
Dongeng Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun.
Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung.
“Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna. Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak
roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan ka ala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé.
Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
“Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai. Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.
Dongeng Sasatoan : Sakadang Kuya Mawa Imah
Jaman baheula, di hiji patempatan nu ngawates ka sisi walungan, aya sakadang kuya keur meresihan sisi-sisi kebon nu kahieuman ku tangkal nu ngajajar jadi pager. Gobras-gobras dicacar maké congkrang.
Si Ambu kuya keur ngaliwet di kolong saung ranggon. Liwet ditumpangan ku peda beureum, maké salam, séréh, bawang beureum. Teu lila kaambung seungit.
“Ambu, asak liwet téh?" Pa Kuya ngagorowok.
“Asak, Bapa!"
Pa Kuya nyampeurkeun ka saung.
Di pasir, Kuya téh ngebon ngahuma. Talingtrim baé hirupna. Sakapeung-kapeungeun sok aya babaturan Pa Kuya nu sarua ngahuma.
Pihujaneun geus ngagayot hideung di langit beulah kidul. Gebrét hujan gedé. Kitu deui, angin ngagalebug. Jigana angin puyuh duka puting beliung. Angin téh ngapungkeun saung. Awut-awutan. Kajadian kitu téh geus sababaraha kali. Puguh baé matak capé, matak rieut. Tapi, Pa Kuya sok ngoméan deui-ngoméan deui imahna.
Pa Kuya jeung Ambu Kuya, ahirna sok malikir kumaha carana sangkan imahna teu beunang ku musibah. Karasana geus capé.
Keur kitu aya nu pupuntenan dina papanggé. Singhoréng sakadang monyét, sobatna. Sanggeus lila ngobrol, sakadang kuya nanyakeun, kumaha carana nyieun imah nu aman.
“Kieu was atuh Pa Kuya, Ambu kuya, imah téh kudu nu bisa dibabawa".
“Dibawa kumaha?" Kuya ngarasa héran.
“Sokjieun imah sasoranganeun-sasoranganeun!"
Sanggeus kitu kuya nyieun imah dibantuan ku monyet.
imah geus anggeus.
“Terus kumaha?"
“Tah bagian hareup diliangan sasiraheun baé. Supaya, bisa ngelok nyumputkeun sirah. Kitu deui, bisa nololkeun sirah. Jadi, bisa nolol nempo ka luar, jeung bisa nyumputkeun sirah bari ngelok.
Sanajan mimitina mah ugal-ugil merenahkeun imah dina tonggong téh, ahirna si kuya ngarasa aman ngagandong imah téh. Malah nepi ka ayeuna. Salian ti sakadang kuya apan si penyu di laut ogé mamawa imah. Sakadang kuya, béak nganuhunkeun ka sobatna, sakadang monyet.
Dongeng Si Kabayan Ngala Nangka
Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.
“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh.
Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.
Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.
“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”
“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.
“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.
“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.
“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.
“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.
Dongeng Sasangkala Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
Kacaturkeun jaman baheula di Pulo Jawa béh kulon, aya hiji karajaan anu rajana Prabu Rakata. Sang Prabu boga anak dua. Anu cikal ngaranna Radén Sundana. ari anu bungsu ngaranna Radén Topobrana. Harita mah Pulo Jawa jeung Pulo Sumatra téh masih ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata téh geus kolot pisan. karajaan téh dibagi dua tur diwariskeun ka anakna. Karajaan béh wétan bagéan Radén Sundana, ari karajaan béh kulon bagéan Radén Topobrana. Geus kitu mah, Sang Prabu tuluy ngabagawan di wates éta dua karajaan. Sang Prabu miang teu mawa nanaon, ngan mawa guci pusaka.
Hiji mangsa dina taun kagenep, Sang Prabu téh ngadéngéeun yén anakna paraséa. Radén Sundana ngarurug karajaan adina Radén Topobrana. Sang Prabu téh ceg kana guci anu geus diseusi ku cai laut téa, tuluy miang ka médan laga. Kasampak dua anakna keur perang campuh, atuh Sang Prabu téh kacida benduna.
Nempo Sang Parbu datang, reg wéh perang téh eureun. Radén Sundana jeung Radén Topobrana langsung nyampeurkeun, cedok nyembah ka Prabu Rakata. Kitu deui, para prajuritna. Atuh Radén Sundana jeung Radén Topobrana téh beak beresih dicarékan ku Prabu Rakata, teu kaliwat para prajuritna. Duanana tarungkul da rumasa salah.
Ti dinya Sang Prabu Rakata nangtung, ceg kana guci pusaka téa. Tuluy cai laut anu aya dina guci téh dikucurkeun di sapanjang wates dua karajaan. Ari guci kosongna diteundeun di tapel wates éta dua karajaan. Ti dinya mah. Prabu Rakata miang deui ka patapaanana.
Teu lila ti harita, wates karajaan anu dicébor ku cai laut téh dadak sakala jadi laut anu meulah dua karajaan. Laut anu meulah pulo téh disebutna selat. Nu kiwari disebut Selat Sunda, nyokot tina ngaran Radén Sundana, anu sarakah hoyong wilayah raina. Ari guci nu diteundeun dina wates karajaan téa ngajanggélék jadi gunung. anu katelah Gunung Rakata atawa Gunung Krakatau. Tah, kitu sasakala Selat Sunda jeung Gunung Krakatau téh.
Dongeng Sasatoan : Ajag Nangtang Jelema
Dongeng Sasatoan : Ajag Nangtang Jelema, Usum katiga kawilang panjang, atuh panon poé ogé karasa panas morérét.Jujukutan taya nu jadi, paréang nungtut paraéh. Di hiji rungkun peucang ngiuhan bangun nu horéam lunta, geus teu werateun
jigana mah kawantu ti isuk can kararaban dahareun.
Awakna begang kari kulit jeung tulang, leumpangna gé geus rarampéolan. Keur uleng mikiran nasibna, teu kanyahoan ti mana jolna ujug-ujug korosak ajag nyampeurkeun bari babaung.
”Ieu geuning hakaneun aing téh,” ceuk ajag, ”Awas, peucang, manéh ulah boga pikiran lumpat. Ka mana ogé moal burung diberik . . pokna deui bari angger babaung.
Sakadang peucang reuwas nataku, tapi gancang mindingan kareuwasna.
“Duh . . . boro-boro mun bisa lumpat, leumpang ogé geus teu kuat. Seug komo anjeun mah kapan mahluk anu pohara gagahna . . . ” Pohara bungahna ajag ngadéngé omongan peucang kitu téh.
“Ari jeung Si Coréléng?” ceuk Ajag, maksudna hayang ngabandingkeun jeung rnaung.
”Enya ogé kasebut-na raja leuweung . . . kuring mah wani nyekel anjeun . . .”
”Maksudna?”
“Enya . . . lamun téa mah anjeun tarung jeung maung, anjeun nu bakal meunang,” témbal peucang.
”Naha? Kapan geus katotol tukang nekukan sapi . . . munding . . .”
”Sapi jeung munding ditekukan, da puguh teu boga sihung teu boga kuku . . . Ari anjeun? Sihung boga, huntu karuat, kuku sareukeut, awak wedel . . . geus karuhan lurnpat rnah leceng. Da puguh anjeun mah ditakdirkeun boga awak alus, henteu ngagibleg! Sedeng Si Coréléng mah kapan anjeun gé apal, kalah awak baé nambru ari gawé ngan heuay jeung héés, najan boga sihung gé . . . “
Teu kaampeuh bungahna ajag ngadéngé omongan peucang. Terus babaung némbongkeun huntuna nu ranggéténg. Jurungkunung ngangkat dua sukuna nu hareup, némbongkeun kasombonganana.
"Tapi . . . ," omong peucang, ngarandeg, ”Aya nu leuwih kuat ti anjeun . .
“Hah?! Saha? Sato naon? Pok geura sebutkeun!” témpas ajag, mudigdig ambek.
“Jelema,” jawab peucang, leuleuy.
”Baruk jelema . . . Iiga kumaha mahluk nu disebut jelerna téh? Sabaraha hiji sukuna? Naha sarua kitu boga sihung jeung huntu karuat jiga aing?”
”Henteu . . . henteu boga sihung . . . henteu boga kuku seukeut, malah sukuna ogé dua . . ."
“Hahahaaa . . .” ajag seuri ngeunah, ”At'uh sakali nekuk ogé ngarumpuyuk. Seug komo sukuna dua mah . . . alah naon kakuatanana,”omong ajag, ngéjék.
”Enya ku kitu téa mah, tapi jelema mah boga pakarang nu leuwih ampuh ti sihung.”
”Naon? Naon pakarangna?”
“Akal . . .jelema mah boga akal!" jawab peucang.
”Naon ari akal téh? Naha leuwih seukeut jeung kuat ti huntu jeung kuku aing? . Ayeuna mah montong loba bacot . . . gancang aing tepungkeun jeung nu ngaran jelema,” omong ajag. Awahing ku ambek ngadéngé aya nu leuwih gagah ti dirina, lat baé poho yén Inanéhna téh keur nyanghareupan kadaharan nu girinyih nyatana peucang.
”Hésé nerangkeunana akal mah. Ayeuna mah hayu baé urang buktikeun," ceuk peucang.
Peucang kaluar tina rungkun, dituturkeun ku ajag anu teu weléh babaung. Barang tepi ka jalan satapak, paragi liliwatan jelema. Randeg peucang ngarandeg.
”Tah, di dieu jelerna téh sok ngaliwatna. Ayeuna mah hayu urang nyumput di nu suni, urang intip ti kajauhan,” ceuk peucang deui. Peucang jeung ajag nyarumput, buni naker.
”Manajelema téh! Aing geus teu sabar hayang nekuk . . ceuk ajag, kakara gé sup asup kana panyumputan.
Teu kungsi lila rentang-rentang katénjo aya budak leutik leumpang, ngagandong tas, Bajuna bodas beureum, balik sakola jigana mah.
“Itu jelema téh? Ayeuna siah ku aing digabrug,” omong ajag bari tibuburanjat rék kaluar tina panyumputan.
"His. Lain, lain jelema éta mah. jawab peucang.
”Geuning ituh sukuna dua . . .” ceuk ajag.
“Lain . . . lain jelema! Eta mah pijelemaeun. Ké, sabar . . .sakeudeung deui gé ngurunyung."
Sabot budak leungit tina panénjo peucang jeung ajag, rentang-rentang témbong aki-aki maké iteuk.
”Itu meureun, nya?” ceuk ajag, awas naker.
“Eta gé lain deuih . . .” témbal peucang, ”Tuh, geuning sukuna ogé tilu. Lain jelema, lain!”
"Lamun kitu anjeun ngabohong!” témpas ajag.
”Ké . . . sabar lanan,” peucang angger leuleuy.
Teu sawatara lila, ti kajauhan témbong paninggaran, mawa bedil.
"Tub, lamun itu enya jelema . . .” omong peucang, “Pék kainyah geura pegat!”
Teu loba omong, gajleng ajag kaluar tina panyumputan rnuru ka jalan. Ngajega bari babaung di tengah jalan. Barang nénjo aya ajag babaung, paninggaran ngarandeg, rikat ngokangkeun bedilna.
”Aéh, aéh rék narajang siah . . .” ceuk paninggaran. Dorrr! Sora bedil minuhan leuweung. Bareng jeung beledagna bedil, ajag ngudupruk, getih ulaweran. Nguk . . . nguuuk . . .kusek! Harita kénéh ajag paéh. Lantaran jelema mah teu beukieun daging ajag, atuh diantep baé ngajoprak dijalan.
Sanggeus paninggaran indit, kurumuy peucang kaluar tina panyumputanana. Nyampeurkeun.
“Matak ogé ulah sombong, asa aing panggagahna . . . “ ceuk peucang bari nokér bugang ajag ku sukuna. Geus kitu rnah léos baé indit.
Social Plugin