Ad Code

PAPATAH - PEPELING

 PAPATAH - PEPELING

Siloka Elmu Ki Sunda


Kintunan ti karuhun hidep, kanggo anaking jimat awaking​ 

Omat anaking,
​kudu bisa naekan jeung nerapkeun 5 elmu ki Sunda ieu​:

ka 1. Elmu Saepi
ka 2. Elmu Napak sancang
ka 3. Elmu kebal 
ka 4. Elmu Rawa Rontek
ka 5. Elmu Halimun

Elmu saepi lain kudu bisa ngapung,​
Tapi kudu saepi (Sae pikiran), cerdas, inovatip tur kreatip.

Elmu Napak Sancang​
lain kudu bisa napak/lumpat di luhur cai, tapi kudu bisa napak dina sagala kaayaan, boga sipat jeung watak  nu katarima ku sakabeh madzhab/golongan,teu merekedeweng ( etika bergaul/akhlakul karimah)

Elmu kebal dikadek​
lain kudu teu teurak dikadek ku bedog atawa di tembak ku bedil, tapi kudu kuat pamadegan, kudu boga pendirian sorangan... teu teurak ku pangaruh jeung pangharewos setan... (istiqomah).

Elmu Rawa Rontek..​ 
lain kudu bisa nyambungkeun deui raga nu geus parotong, tapi kudu bisa ngahijikeun dulur-dulur anu keur pacengkadan, paketrok/parasea, kudu bisa nengtremkeun jalma nu kajurung napsu atawa ngarangkul anu beda-beda  pamadegan.

Elmu Halimunan​
Lain kudu bisa ngaleungit,  tapi kudu bisa nyumput dinu caang, bijil dinu poek, hartina ulah ujub, ria jeung takabur. Asa aing pang akangna, siga nu heueuh, peupeuleukeuk asa aing nu pangwanina.

​Mugia dulur sadaya....  urang tiasa ngalaksanakeunnana dina kahirupan sapopoe​

kur... guyub...  jeung dulur jeung batur, daria...  jeung baraya,  silih gumati... jeung wargi, sariksa.. jeung tatangga. Ulah sok pundungan jeung teu kaopan. Tetep renggenek hirup sauyunan jeung babaturan. Ulah sok asa bener sorangan.
Taaaah.... kakara napel anu disebut Rahmatan Lil ‘Alamiiin. 
Mangga...ieu lain SUNDA WIWITAN, tapi SUNDA KANYATAAN luyu jeung jaman. Nu dituju iwal ti RIDHO nu MAHA KAWASA, ALLOH SUBHANAHU WATA’ALA. 
Peupeujeuh ka hidep, anaking kahade ... akidah kudu ajeg panceg istiqomah. Ibadah kudu angger, pangger jeung bener kalayan mudawwamah luyu jeung sunnah Rasulullah. Hirup kumbuh kudu akur jeung batur, ulah pakia- kia, pagirang-girang tampian. Sili asih, sili asah jeung sili asuh......

​CAGEUR BAGEUR, GENAH TUR MERENAH​
Mugi tiasa di hapunten nya, Kasanggakeun kanggo anu ngartos wae ieu mah ulah janten bendu ka sim kuring.
​Wassalaam​


Pepeling Keur Urang


HANJAKAL mun TEU maca ieu PEPELING

Hayu geura saradia...
Meungpeung keur hirup di dunya
Amal keur sampeureun tea
Di ahir moal sulaya 
Geuning maot ngadodoho
Boro sok dipopohokeun
Datangna teu mere nyaho
Ngageretek taya tempo


Taya beurang taya peuting
Taya raja taya kuring
Di mana ajal geus sumping
Teu meunang embung anaking


Horeng nyawa eujeung badan
Nu geus lila babarengan
Datang mangsa dipisahan
Paturay tineung pamitan


Lain meureun lain sugan
Da ieu mah kanyataan
Kabeh pasti ngarandapan
Geuning awak urang pisan


Kaget reuwas mata mencrong
Renghap ranjug munggah bengong
Napas ngangseg na genggerong
Nu deukeut geus teu katembong


Horeng ieu teh sakarat
Dicabut ku malaikat
Nyawa ngangseg mapay urat
Teu aya daya keur lumpat

Ku renghap nu panganggeusan
Pegat sakabeh harepan
Nabengkang taya dayaan
Rek kumaha pangharepan


Boro mah keur suka bungah
Ngatur napsu seuri bungah
Beak tempo kudu pindah
Nyampeurkeun ka alam barjah


Geus waktu ninggalkeun lembur
Menuju ke alam kubur
Meunang ngali geus diukur
Mahi keur awak sakujur


Rek naon anu di bawa
Duit atawa sawah lega
Menang ngumpul-ngumpul tea
Belaan nipu pasea


Beunang tisusuk tidungdung
Nu sok dipake adigung
Kana salat matak liwung
Waktuna jakat mah embung


Ibadah kateler-teler
Nepi ka nyanghulu ngaler
Lapur badan enggas komper
Di tengah imah ngagoler


Ngajolopong diruruban
Diriung ditarungguan
Geumpeur pacampur jeung reuwas
Setan mah bati mupuas


Harta anu ngunung-ngunung
Pakean duit satungtung
Ngan masih boeh asiwung
Ditambah kai keur padung


Lawang amal geus ditutup
Hanjakal keur waktu hirup
Talangke bet hanteu sanggup
Padahal waktu mah cukup

Paingan rosul ngelingan
Dunya mah pangumbaraan
Naha bet kamalinaan
Tonggoy hanteu nyubadanan


Ati ngerik pikir liwung
Imah tiiseun jeung suwung
Ngan anak yatim buruan
Tinggarisik ting rariung


Abong poe panganggeusan
Mana beurat rek amitan
Keun imah keun pakarangan
Geuwat keun logak ngantosan


Pasaran mendung dipayung
Ti luhur dirurub sarung
Nu ngiringna semu nguyung
Nangkeup dada tingkuyungkung


Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut
Beuki deukeut beuki deukeut
Beuki deukeut beuki deukeut
Kana logak ruper heureut


Duh geuning enggeus nyangkorah
Rup ku padung rap ku lemah
Poek rupek jeung tugenah
Ngarumas cukireuh susah

Ahli sobat kawawuhan
Teu tolih gancang bubaran
Duh saha nu rek maturan
Geusan cicing babarengan


Mana sobat mana dulur
Geuning buriak salembur
Hanteu maturan di kubur
Sumawon nambahan umur


Oge harta banda kuring
Nu dipuhit beurang peuting
Cik mana anu rek ngaping
Geuning geus kieu mah kuring


Hanjakal aduh hanjalak
Teu getol sadia amal
Padahal geuning padahal
Ngan amal nu jadi bekel


Naon keur panyinglar sedih
Nahan ku cimata getih
Tawa bangkieung jungkelih
Harta mah geuning teu nolih


Enggeus montong rek sasambat
Teu guna enggeus kaliwat
Bongan bareto teu toat
Teu kurang nu nganasehat


Tong hantem hahanjakalan
Pan teu kurang nu ngelingan
Pek runggu jawab sorangan
Geura jawab pariksana


Paremutan parantosan
Mangga geura aremutan
Sugan manawi jeung sugan
Ngajadi kamaslahatan


Ku maca ieu pepeling
Muga sing jadi panggeuing
Da Gusti anu ngajaring
Siang jeung wengi diaping.




Umur


_Umur di siksik ku detik.._
_Di ciwit ku menit.._
_Di cacag ku jam.._
_Di purutulan ku bulan.._
_Di bubuy ku tahun.._

_Muterna waktu ti minggu ka minggu.._
_mapay2 bulan naekkan tahun._

_Teu karasa loba dosa nu di pilampah.._
_Loba ibadah nu can merenah.._
_Loba larangan pangeran nu karandapan.._
_Loba waktu nu kapiceun.._
_Loba kasibukan nu matak mapalerkeun.._
_Loba pikiran nu matak mopohokeun._

_Timana nya urang kawit jeung kamana nya urang rek balik._
_Umur syareatna nambahan tapi hakekat ngurangan.._
_Beuki kadieu urang teh beuki deukeut jeung lawang panto maot._

_Siapkeun diri ku iman jeung taqwa.._
_Siapkeun bekelna ku amal sholeh.._
_Siapkeun hate nu bersih ku loba istigfar.. ka Dzat nu Maha Heman
_Tobat ka Allah nu geus mere nikmat,_
_sangkan salamet dunya akherat._



Anaking Jimat Awaking


Heunteu gampang nalika nyorang jalan kahirupan, 
moal salawasna cicing dinu datar, 
tinangtu bakal pinanggih wanci mudun jeung tanjakan, 
kudu sabar hidep nalika kurang tur omat ulah nepak dada benghar,
adigung adiguna, 
asa aing uyah kidul, 
agul kupayung butut!! 

Omat hidep bisi kupur, 
kudu eling kanu Maha-Gafur, 
nyembah kanu maha kawasa, 
turut kana papagon agama nyumponan parentahna ngajauhan larangan nana, 

Tah iyeu anaking pepeling keur diri papatah keur awak, 
badan sakujur inggis laku lampah nincak salah.


Pepeling Keur Urang Sunda Bahasa Sastra Sepuh Baheula


Ieu pepeling singket sepuh baheula dina basa Sunda kulon (Banten, Serang, Tangerang) :

Anom... mungguh kitu ari hirup, mudu leumpang nyorang leuweung hurip na. Halangan jeung harungan, taya towongna, megatan di jajalaneun. Urang mudu eling, kumelendang teh hanteu nyorangan, dina harti asa aing pangpunjulna. Dia mudu inget, di beh ditueun langit teh apanan aya langit deui. legana awun-awun, legana jagat buana panca tengah, rempeg ku hurip jeung kahirupan nu teu kajeujeung ku mata lahir. mangkeluk-mangkeluk jirim jisim nu lalemes, nyaraksian sabudeureun kahirupan urang.

Manusa leuwih punjung batan makhluk sejena, sabab dibere akal jeung pangabisa. Pangabisa eta gumantung kumaha lantipna pamuhit urang.. urang mudu apal reujeung lilinggeranana. Mudu nyaho hirup jeung kahuripan nu kumeling di ieu buana, nyaho kalawan jero-jeroanana. jampena, ajenan sakabeh nu kumelip, ti mimiti tongo tepi ka gajahna, ti mimiti lukut tepi ka tangkal kiara na, ti mimiti nu teu kajeueung tepi ka nu teu kajeueung. Eta teh kabeh ge ciciptan nu diancokeun pikeun maturan hirupna urang, maranehna teh babagian tina kahirupan urang....


Pepeling dihandap ngangge basa sastra Sunda sajak / tetekon :

Nalangtang nyawang waruga
Niliktik tis tumis diri
Ebreh sapangreretan
Atra raga ganti sukma
Jumantung wawuh ka kujur
Ajeg teuneut ka pangandeg
Hurip ingwang hurip insun
Jirim jisim pangancikan
Rip hurip nyawalan sukma
Gumunung
Sakujur awur
Gelar pataremeng rasa sampurna
Jatining sunda
Matih jamparing apsari beunang
Marancah
Deudeh jungjunan dipentang
Hirup jajantung beratna sifatan jarak
Matih lain keur mateni deudeuh Jungjunan
Da puguh haleuang tembang
Hariring tresna ning asih
Sidakep mah duh Jungjunan
Raga sukma bathin wening
Wening lirih nyawang pangraraos
Geura nyawang duh Jungjunan
Waruga jati sajatining ngahiji
Nu gumulung sakujur tangtung
Pisahna teu jadi dua
Tunggalna henteu ngahiji
Nambah alam duh Jungjunan da rangruwang
Sakuriling henang hening dina cahya nu gumebyar
Nu ngancik mah duh Jungjunan di sunyaruri
Atra setra mancawarna katinggali
Cahayana cahaya gaib nu wujud
Ari cahya nu jumaning cahaya
Jatining sukma
Mugia katampi

Pepatah Singkat Bahasa Sunda Penuh Makna


Berikut pepatah singkat bahasa Sunda penuh makna :
  • Ari Ubar diri eta aya dina diri
  • Bae sanajan teu lumpat oge, tapi omat ulah nepika cicing
  • Euweuh nu nyaah kana diri kajaba anu boga diri sorangan
  • Lamun hayang maju ulah euren mikir sarta kudu daek cape
  • Lamun nyien pondasi tong sok waka mikiran kenteng
  • Mun ngitung kudu ti nomer hiji, ulah hayang ujung ujung angka salapan
  • Sagede-gedena jalan syare’at ulah matak ngurangan tawakal ka Alloh
  • Sarebu sobat saeutik teuing, hiji musuh loba teuing
  • Sategesna ari harga diri kumaha diri
  • Satemena sagala anu tumiba kadiri eta pedah gara-gara diri sorangan
  • Tong lesot hate tina eling ka Alloh dina kaayaan kumaha wae, sedih, susah jeung bungah
  • Tong leumpang dina hayang,tong cicing dina embung,tapi kudu leumpang dina kudu, kudu euren dina ulah
  • Ulah embung di sebut bodo sarta tong embung di sebut sahandapeun

Papatah Sunda Falsafah Kahirupan Manusa


Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan jelema, sanajan ngalamun salaput umur, kahayang patema-tema, karep heunteu reureuh-reureuh. dageuning nu bakal karasa mah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rancana, kabul aya tinu Maha Agung, Laksana aya tinu Maha Kawasa.

Ulah Nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan, nu deukeut geura deheusan, moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? tina diri sorangan. cirina satangtung diri. pek geura panggihan diri manehteh, ku maneh weh sorangan, ulah waka nyaksian batur saksian heula diri sorangan.
Sing Daek nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, mere kanu daek, nyaangan kanu poekeun.
Pitutur para guru, papatah para ulama, pangeling para kiyai rawuh para karuhun anu mere tuduh jalan sangkan ulah kajongjonan, jeng kamalinaan
Geura suprih ku pangarti, paruruh ku pangaweruh sakumna elmu, geura eling kana purwadaksi emut kana tuturus laku, urang teh asal timana?
Balik bakal kamana,…….?
Ayeuna cicing dimana,….?
Lenyepan sing taliti.
Larapkeun na sanubari, disarengan kulampahna.
Tanya heula eta rasa, talek heula eta hate, tilik deui eta diri
Dimana ayeuna ngancik?
Tekadkeun sing enya-enya pikeun sakabeh laku lampahna, bisi goreng balukarna, napsu nu matak kaduhung, awak nukatempuhan, tina atikan atanapi tina didikan nu munggaran, kasasar nya lampah, pajauh nya laku, jeung buntu dina laku, yakin dina pamadegan, tanjeurkeun beubeuneran sangkan meunang kabagjaan., dunia rawuh akherat.


Eta saalitna tina papatah sunda anu mangrupikeun falsafah kahirupan pikeun urang salaku manusa anu keur kumelenang di alam dunia. Mangga diaos deui tulisan bahasa sunda sanesna anu langkung sae papatah kolot baheula pikeun urang Sunda.

Papatah Basa Sunda Kolot Baheula | Pepatah


Patali Jeung Sasama Mahluk

  • Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek (Trust ngak boleh korupsi, maling, nilep, dlsb… kalo mo ngambil sesuatu harus seijin yg punya).
  • Sacangreud pageuh sagolek pangkek (Commitment, menepati janji & consitent).
  • Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang, omat ulah lali tina purwadaksina (integrity harus mengikuti etika yang ada)
  • Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang (communication skill, berbicara harus tepat, jelas, bermakna.. tidak asbun).
  • Kudu hade gogod hade tagog (Appearance harus dijaga agar punya performance yg okeh dan harus consitent dengan perilakunya –> John Robert Power melakukan training ini mereka punya Personality Training, dlsb).
  • Kudu silih asih, silih asah jeung silih asuh (harus saling mencintai, memberi nasihat dan mengayomi).
  • Pondok jodo panjang baraya (siapapun walopun jodo kita tetap persaudaraan harus tetap dijaga)
  • Ulah ngaliarkeun taleus ateul (jangan menyebarkan isu hoax, memfitnah, dlsb).
  • Bengkung ngariung bongok ngaronyok (team works & solidarity dalam hal menghadapi kesulitan/ problems/ masalah harus di solve bersama).
  • Bobot pangayun timbang taraju (Logic, semua yang dilakukan harus penuh pertimbangan fairness, logic, common sense, dlsb)
  • Lain palid ku cikiih lain datang ku cileuncang (Vision, Mission, Goal, Directions, dlsb… kudu ada tujuan yg jelas sebelum melangkah).
  • Kudu nepi memeh indit (Planning & Simulation… harus tiba sebelum berangkat, make sure semuanya di prepare dulu).
  • Taraje nangeuh dulang pinande (setiap tugas harus dilaksanakan dengan baik dan benar).
  • Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian (jangan berebut kekuasaan).
  • Ulah ngukur baju sasereg awak (Objektivitas, jangan melihat dari hanya kaca mata sendiri).
  • Ulah nyaliksik ku buuk leutik (jangan memperalat yang lemah/ rakyat jelata)
  • Ulah keok memeh dipacok (Ksatria, jangan mundur sebelum berupaya keras).
  • Kudu bisa kabulu kabale (Gawul, kemana aja bisa menyesuaikan diri).
  • Mun teu ngopek moal nyapek, mun teu ngakal moal ngakeul, mun teu ngarah moal ngarih (Research & Development, Ngulik, Ngoprek, segalanya harus pakai akal dan harus terus di ulik, di teliti, kalo sudah diteliti dan dijadikan sesuatu yang bermanfaat untuk kehidupan).
  • Cai karacak ninggang batu laun laun jadi dekok (Persistent, keukeuh, semangat pantang mundur).
  • Neangan luang tipapada urang (Belajar mencari pengetahuan dari pengalaman orang lain).
  • Nu lain kudu dilainkeun nu enya kudu dienyakeun (speak the truth nothing but the truth).
  • Kudu paheuyeuk- heuyeuk leungeun paantay-antay tangan (saling bekerjasama membangun kemitraan yang kuat).
  • Ulah taluk pedah jauh tong hoream pedah anggang jauh kudu dijugjug anggang kudu diteang (maju terus pantang mundur).
  • Ka cai jadi saleuwi kadarat jadi salogak (Kompak/ team work). 
  • Papatah Kolot Patali Jeung Allah Anu Kawasa

    • Mulih kajati mulang kaasal (semuanya berasal dari Yang Maha Kuasa yang maha murbeng alam, semua orang akan kembali keasalnya).
    • Dihin pinasti anyar pinanggih (semua kejadian telah ditentukan oleh Yang Maha Kuasa yang selalu menjaga hukum-hukumnya).
    • Melak cabe jadi cabe melak bonteng jadi bonteng, melak hade jadi hade melak goreng jadi goreng (Hukum Yang Maha Kuasa adalah selalu menjaga hukum-2nya, apa yang ditanam itulah yang dituai, kalau kita menanam kebaikan walaupun sekecil elektron tetep akan dibalas kebaikan pula, kalau kita menanam keburukan maka keburukan pula yg didapat…. kira-2 apa yang sudah kita tanam selama ini sampai-2 Indonesia nyungseb seeeeeb ;))? )
    • Manuk hiber ku jangjangna jalma hirup ku akalna (Gunakan akal dalam melangkah, buat apa Yang Maha Kuasa menciptakan akal kalau tidak digunakan sebagai mestinya).
    • Nimu luang tina burang (semua kejadian pasti ada hikmah/ manfaatnya apabila kita bisa menyikapinya dengan cara yang positive).
    • Omat urang kudu bisa ngaji diri (kita harus bisa mengkaji diri sendiri jangan suka menyalahkan orang lain)
    • Urang kudu jadi ajug ulah jadi lilin (Jangan sampai kita terbakar oleh ucapan kita, misalnya kita memberikan nasihat yagn baik kepada orang lain tapi dalam kenyataan sehari- hari kita terbakar oleh nasihat-2 yang kita berikan kepada yang lain tsb, seperti layaknya lilin yang memberikan penerangan tapi ikut terbakar abis bersama api yang dihasilkan).
    dlsb.

    Papatah Kolot Patali Jeung Alam

    • Gunung teu meunang di lebur, sagara teu meunang di ruksak, buyut teu meunang di rempak (Sustainable Development ~ Gunung tidak boleh dihancurkan, laut tidak boleh dirusak dan sejarah tidak boleh dilupakan… harus serasi dengan alam.).
    • Tatangkalan dileuweung teh kudu di pupusti (Pepohonan di hutan ituh harus di hormati, harus dibedakan istilah dipupusti (dihormati) dengan dipigusti (di Tuhankan) banyak yang salah arti disini).
    • Leuweung ruksak, cai beak, manusa balangsak (hutan harus dijaga, sumber air harus dimaintain kalo tidak maka manusia akan sengsara).
  • Papatah Sunda Kolot Baheula Bagean 2


  • Urang kabeh teh Reket dengdeng, papak sarua. (Sarua)
  • Teu ngakal moal ngakeul, teu ngarah moal ngarih, teu ngoprek moal nyapek.
  • Eta dina hate maneh leungitkeun sifat sirik, pidik, jail, kaniaya, iren, pangasten, dudupak, rurumpat, ngumpat, simuat, ujub, takabur, nyaci, maki, jeung pedit
  • Pangarti nu jadi ciri, kagagahan anu rongkah, kapangkatan nu dipiwegah, geuning percuma tanpa dibarengan ku kaimanan jeung kataqwaan kanu kawasa.
  • Kade loba jalma nu jadi Bibit rurujit. Indung rurusuh. (provokator)
  • Bakal bagja dimana hiji nagara geus Sepi paling, towong rampog, nudigawe simpe hate, kaum buruh teu ripuh, karyawan sarenang, para tani sugih mukti, nu dagang ge sugema.Rakyatna dititah gotong royong teu popolotot, dititah bebersih teu cecerengir, dititah nyumbang teu nararantang.
  • Bru dijuru, bro dipanto, ngalayah di tengah imah, buncir leuit, loba duit, ngenah nyandang, ngenah nyanding, ngenah nyandung.
  • Para ratu mikayunyun, para menak mikaserab, kolot ngeso, budak era, deung
  • Kalayan hapunten bilih kirang tata kirang titi duduga peryoga cologog sareng sajabina. Maklum ciri sabumi cara sadesa, bilih aya cara nukacandak ti desa nu kabantun ti kampung nukajingjing ti patepitan, bilih teu sapuk sareng mamanahan. Punten nu kasuhun.Jeng dulur mah tong nepikeun tileletik silih ala pati, tilelemet getreng, tilelembut silih ala umur, tibubudak silih ala nyawa.
  • Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang, nu caket geura raketan nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha? Tina diri sorangan, cirina satangtung diri. Pek geura panggihan silaturahmi teh jeung diri sorangan, ulah waka nyaksian batur, saksian heula diri sorangan kusorangan weh.
  • Sing diajar nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun., mere kanu daek, nganteurkeu kanu sieun
  • Saban-saban robah mangsa ganti wanci ilang bulan kurunyung taun, sok mineng kabandungan manusa sanajan ngalamun salaput umur kahayang patema-tema kareup hanteu reureuh-reureuh, dageuning anu bakal karasamah anging kadar ti pangeran, manusa kadar rencana, Kabul aya tinu maha agung, laksana aya tinu maha kawasa.
  • Beurat nyuhun beurat nanggung beurat narimakeunnana. (Kecap nuhun)
  • Nyumput buni tinu caang, negrak bari teu katembong. (Tawadhu)
  • Tong Kabobodo tenjo, kasemaran tingali.
  • Najan Buuk hideung jadi bodas, dada antel kana bumi, buluan belut, jangjangan oray. moal waka wangsul saacan kenging ridho Gusti.
  • Indung anu ngandung bapa nu ngayuga, indung ngandung salapan bulan melendung, tapi indung henteu pundung sabab taqdir tinu maha Agung





  • Close Menu